nya sabenerna mah kumaha masing-masing we. bebas. teu kudu dihakimi rek
dikitu dikieu ge.da eusi sirah, minat oge kasang tukang masing-masing
beda. jeung naha enya, urang -sorangan boh kelompok- bisa nyieun
parobahan? aya nu geus kalaksana? asana parobahan urang teh diciptakeun ku
batur. urang mah ngan ukur pelengkap penderita. da bisana ngan luh lah
atawa ngan ukur nyaho naon nu teu dipikahayang, tapi teu nyaho persis
kahayang. hahaha

punten kang, si kuring sanes sajarawan, oge latar sakola. tapi desain. nu
ditalungtik sanes nu geus euweuh cara sajarah, tapi artefak budaya sunda,
wawadahan pare beas sangu, cara giribig, nyiru tampir, boboko, seeng,
aseupan, hihid (eh lain wadah eta mah). dipesek unsur estetikana. sanes
mung perkara alus-gorengna, tapi patarosan dasar sacara rupana, naha
rupana kitu?  hahaha.

jawaban otentik kudu nanya ka karuhun- mapay meureun, haha nu mana nya.
metode praktis mah nya nyambat karuhun. tapi teu bisa, jadi ku cara
nalungtik warisanana we. sacara legegna mah -make teori CA van Peursen
tea, yen artefak wawadahan tradisional warisan masyarakat budaya mitis,
bade ditalungtik ku budaya ataw metode ontologis, nya meureun sugan we teu
leungit, ku cara ngembangkeun ka wilayah fungsional. sanajan dikota mah
oge pasisian kota, sawareh geus leungit. tapi aya upaya reuse, minimal di
rumah makan sunda, boboko aya/dipake keneh. atuh aseupan aya, sanajan
dipakena lain pikeun nyeupan sangu, tapi jadi kap lampu-cara di warung
indung, jl riau 66 bandung hahaha. nu gaduh warung/cafe ieu  bu heyi
ma'mun, us pelukis.


mj
teu boga anak lalaki. hihi

>
> Sae kacida pamikiran sapertos kieu teh, mung ieumah mun ngoreleng deui
> kana
> bahasan munggaran nyaeta perkara foto jadul tea. Punten ari sakuringeun
> mah
> nyaeta geuning asa karasa mangfaatna, duka mangfaat nu kumaha da ceuk
> sakuringeun deui wae, ngenteung ka tukang teh rada lumayan nga
> representasikeun kumaha nyingkahna paripolah ti jaman ka jaman, ti karuhun
> tug dugika kiwari, sanajan si kuring teu aya cupat2 acan kana widang
> sajarah
> saperti MJ, tapi geuning aya keneh nu nyangkaruk karesep jeung kaheman
> dina
> nyukcruk kabaheulaan.
>
>
>
> Ti si kuring nu cita2 hayang boga mobil jaguar tapi di musikan ku
> Cianjuran.
>
> (Sugan teu disebut sombong da pimanaeun boga duit keur meuli mobil
> hehehe..)
>
>
>

Kirim email ke