ngetok panto make iteuk kang



________________________________
Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@yahoo.com>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Jum, 18 Juni, 2010 20:15:21
Judul: [Urang Sunda] Cat Turi Neangan Jodo

  
Sabada geunjleung kasus video tea, salaki Cat Turi ngajukeun talak tilu anu 
langsung diaminan ku pangadilan agama. Atuh ayeuna Cat Turi teh jadi 
lelengohan. Di sababaraha media aya wawancara, ceuk cenah, manehna narima kana 
kanyataan eta dianggapna hiji takdir anu kudu bisa ditarima kalayan pasrah. 
Tapi aya implik-implikna, rek neangah pijodoeun deui, tapi aya syarat-syaratna.
 Kahiji, tara "luak-lieuk" ka awewe sejen alias kudu satia jeung tuhu ka 
pamajikan. 
Kadua, tara "hampang leungeun" alias sok ngagaplokan pamajikan. 
Katilu, tanggung jawab, moal lumpat tina hiji pasualan. 
Kaopat, bisa "nyugemakeun" pamajikan upama paduduaan.

Teu lila ti barang aya warta di media, panto imah Cat Turi aya nu ngetokan. 
Barang dibukakeun teh, aya hiji lalaki lolong, leungeun jeung sukuna buntung, 
tapi katingalina gagah pisan. Cat Turi nalek, aya kaperluan naon?  naha teu 
salah alamat?
Ari pok teh, cenah rek ngalamar jadi salaki Cat Turi.
"Boga modal naon, make wawanian ngalamar," ceuk Cat Turi Teh.
"Kuring ngarasa calon salaki  anu cocok," pokna teh. "Kuring moal luak-lieuk ka 
awewe sejen, sabab lolong. Moal rek 'hampang leungeun' sabab leungeun kuring 
buntung, moal lumpat tina tanggung jawab, sabab suku kuring buntung."
Cat Turi masih panasaran,"kumaha tah dina perkara syarat kaopat?"
Celengkeung teh dijawab,"Ari tadi waktu ngetok-ngetok  panto make naon geura???"

(Kenging nyundakeun ti surelek babaturan)

mrachmatrawyani




Kirim email ke