Barudak Lingkung Seni Sunda itb (disingget LSS, ari nu di itenas mah Lisenda, sarua lingkung seni sunda) kamari ngayakeun talkshow. Jejerna "getih sunda solusi konspirasi jaman." Si kuring kapeto jadi moderator/panumbu catur, ngagentos ua Sasmita nu teu tiasa alatan nuju aya urusan kulawarga. Ari gagasan badagna mah kitu tea, kumaha sangkan US bisa leuwih aktif enggoning milu ngurus pabaliutna jaman, atawa nu deukeutna, nagara.
Panyaturna Abah Surya, alias HR Hidayat Suryalaga, Prof Dr Asep Warlan Yusuf (profesor ilmu hukum Unpar- tah aya ngaran Asep nu jadi profesor!) terus Goris Mustakim, pengusaha muda, urut pupuhu asgar muda, nu kungsi panggih jeung Obama. Tempatna di Aula Timur ITB, gigireun sakolaan si kuring. Lumayan rame. Sanajan nya kitu keneh kitu keneh. Nu jelas sababaraha masalah rada kabongkar atawa dibongkar. Seminar atawa toksow memang ngan ukur ranah kognisi, lain aksi. Jadi mun aya pamilon msiswa kampus itb atawa uin nanyakeun kudu kumaha, mangga tarekahan sewang-sewangan cek abah Surya. Loba nu asa ditaringgalkeun kolot. meureun bariasa dihuapan, hayangna kitu. Teu kudu neangan, tapi dibere. Ari si kuring mah curiga ka pola pengasuhan. Too much love tea. Bakat ku nyaah ka anak, kolot namplokeun kanyaah siga nyaah dulang. Nu antukna melemahkan daya juang generasi ngora. Di ogo teuing, jst. Meureun kitu teh alatan kolot ngarasa hirupna cape, hayang anak mah teu cape teuing. Model nu ku Prof Peter Nas kungsi dituduhkeun ka VOC salaku salah salima bangkrutna VOC-hartina teu di bangsa urang wungkul kitu. Atawa loba teuing peran kolot, nya cara HMS nu jadi persiden 30an taun, nu antukna nyiptakeun bangsa nu gumantung pisan ka nagara, teu tereh mandiri, nu antukna pas lengser ninggalkeun warisan mangrupa kompllikasi panyawat bangsa-kaasup pondasina, hukum. Abah Surya medar soal falsafah kapingpinan urang sunda make conto baheula. Aya opat adat goreng nu kudu dipiceun ku urang, cara pundungan, luh lah, sikep negatif cara kalimah nu make kecap atuda. Prof Asep medar soal dasar nyieun hukum di urang nu masih warisan walanda, cek beliau, kuduna sumberna ti hukum adat. Prof Asep salah saurang dosen muslim di Universitas Katolik Parahyangan. Cenah anjeuna oge boga adat teu wanter. Basa dipenta jadi dekan FH unpar. Padahal kriteriana cocog, kampus Unpar di tatar sunda, kudu aya urang sunda nu milu ancrub ngurus struktural, jst. Tah kudu ditarekahan kumaha sangkan generasi ngora US boga kawani, wanter manggung. Si kuring nembal, wah jadi dekan, jadi rektor mah si kuring daek. Sabab di jabatan aya tunjangan jabatan, perlu pikeun si kuring salaku cowo matre. Hehe. Nya nu sejena soal atikan, yen urang kudu sakola luhur. Bari jeung masagi. Goris medarkeun soal upaya-upaya generasi ngora, pikeun maju, nya diantarana ngandelan kreativitas, jsb. Komo bdg jeung legana alam priangan nu potensial mun urang bisa neanganana. Cenah manehna mere akar wangi ti garus basa panggih ka obama. - Sacara empiris, watek pamingpin teh teu soleh kabeh, kudu boga adat gede hulu, pede salangit, loba omong, wanter bin wani, daek cape, jeung sajabana. Aya conto ti urang Kompas jabar basa anyar muka lembar jabar, harita pemred kompas jabar kang Tjahja Gunawan, muka lowongan pikeun wartawan. US euweuh nu ngalamar cenah. Cek kang Gun, mah sigana barudak ngora US arembung carape, sabab gawe wartawan mah asruk-asrukan, dikejar deadline, jsb. Haha. Mun noong sajarah, US muncul mun nagara keur parna. Cara Ir H Djuanda nu dibenum jadi PM ku Bung Karno, mangsa RI rek bencar sabab daerah loba nu rek misah, tentara ngaradegkeun kumpulan nu di ngaranan Dewan tea. Ku Djuanda, bisa diberesan ku tangan dingin. Pemberontakan Kahar muzakar, jsb, bisa diberesan, make tangtara siliwangi nu boga rasa welas asih salian ti bedil. Jaman bung karno keur berjoang, di bdg, nu maturanana, US. Dua US baturna mah, Gatot mangkupradja jeung hiji deui poho, teu terus kacaritakeun. BK terus muncul salaku pemimpin kemerdekaan, jst. Panyawat US teh tara nabeuh maneh bari jeung resep neluh maneh. Under-estimate ka dirina jeung dulurna. Mun aya mamang ua boga kalungguhan alus, kalolobana tara wani ngajak dulurna, alo, jsb. sabab "bisi ngerakeun", kawengku ku luhurna kualifikasi. Beda jeung seler batur. Hartina us perlu upaya leuwih ti batan seler batur, soalna boga watek kitu. jst. Nya ari tarekah mah, nyieun network, komo generasi ngora. Wawuh ka batur, loba kawawuhan, bari teu kudu dibengkeut ku hiji persatuan atawa naon, sabab kumpulan kitu pikeun US kurang cocog. Bah Surya nekenkeun watek US nu federalis, sabab boga akar egaliter. Jadi mun aya pakumpulan teh, kudu loba, masing-masing mawa garapan jeung watekna sewang-sewangan. Jaba beh dieu dina ayana organisasi, biasana sok pikeun kapentingan sesaat, cara dalam rangka ngumpulkeun pendukung pikeun ngajagokeun hiji tokoh/inohong manggung dina hiji jabatan. Lain pikeun kamaslahatan US sadayana. Dina salah salima tulisanana, kang Ajip Rosidi mandang yen teu perlu aya US manggung sacara nasional mun watekna teu pikeun ngamajukeun lembur sarakan. Nu penting kabeh US bisa maju. Sabab US mah cek bah Surya lain model meri. Ngabring kamana nu jalu lempang, siga watek UJ. Geus heula rek mariksa tugas msiswa