Bola Jeung Gaza III

Tuh gening Brazil meunang kamari
prak tah jauh 3-0 ti Chili
Ngan sok aneh nu geus kataji
nu jaya mah eta-eta deui

eh geuning meureun ieu kaul sajarah
anu ngulang tara salah
baheula kitu ayeuna kitu meureun mah
balik ku sipat nu kalangkah
nu meunang boga sipat berlimpah
nyaeta ucap lampahna nu makripah
bari ngabela hak wani jeung gagah

kapungkur Bangsa urang oge kitu cenah
Lain Bangsa anu resep dijajah
bahkan pangawasa anu adil merenah
rajin rapih teu gagabah
eh geuning ayeuna naha beut nyerah
tapi kuring yakin bakal berubah
Balik deui kana sipat aslinamah

supaya tampil di piala dunia
regep kuat ka darajat mulia
bahkan ngabantuan kesebelasan GAZA
bari ngagolkeun ka gawang musuhna
kecil atuh ari saukur Amerika euweuh kaera
Argentina wae bakal wedok kosong lima
ku tim sepak bola Indonesia

add: Friends



Reply via email to