Puguh, waktos mang Hasan Promosi Doktor  teh, kuring teu pati malire saha wae 
tamu-tamuna.
Hatur nuhun kana informasina. Tah, info siga kieu anu kedah sering di 
publikasikeun di milis ieu. Supaya generasi Urang Sunda kabehdieunakeun "melek" 
jeung boga rasa reueus kana Kasundaan jeung Urang Sunda.

mrachmatrawyani





________________________________
From: hangjuang bodas <hangjuangbo...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Mon, June 28, 2010 5:55:28 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Aya nu uninga ka Gan Kartadjoemena...ASGAR

  
Asana mah Kang Yani oge kantos sasarengan sareng salasahiji Gan Kartadjoemena 
nalika ngahadiran sidang promosina Mang Hasan (Dr. Hasan Djafar) di UI Depok. 
Harita Hasan Kartadjoemena (HSK) hadir salaku jalma anu miboga perhatian kana 
sajarah katut budaya Sunda.

Sabenerna kaahlian anggota eksponen 66 ieu di widang ekonomi. Tos seueur buku 
karyana ngeunaan perekonomian nu dipedalkeun. Anjeunna kungsi janten Dubes RI 
di WTO. Nalika Boediono janten Gubernur BI,  HSK dibenum janten staf ahli 
Gubernur BI widang luar negeri.

Dina kasundaan, anjeunna ngaku tacan lami milu ancrub. Kungsi sawatara waktu 
janten pupuhu (wakil?) di Yayasan Rancage, mung ayeuna tos henteu deui. Sempet 
janten Key Note Speaker di acara mieling basa indung sadunya nu diayakeun ku 
Unesco di Eropa.  Anjeunna miboga perhatian nu kalintang saena kana buku jeung 
pabukon, oge kana buku Sunda. Sahenteuna HSk miboga pabukon pribadi di dua 
tempat. Ayeuna nuju ngalalanyahan sangkan Kebon Raya Bogor jeung Situs Batujaya 
Karawang bisa ditetepkeun ku Unesco salaku world heritage.

Sakitu heula


      

Reply via email to