Lamun eta wawar anu ngaharib kana ancaman bisa dilawan atawa panalungtikan
ngeunaan ieu cengcelengan para inohong di kapolisian teu kagiridig ku eta
wawar, sigana nya ti dieu reformasi anu sabenerna dimimitian...sabaraha lila
prosesna jeung sakumaha balangsakna, panggung sajarah bangsa Indonesia anu
baris nyaksianana.

Lamun eta cengcelengan bener ayana, nya bener sakumaha panyindir Putu Wijaya
dina novelna anu dijudulan "Wah", yen...kapala rampog teh mindeng ngarangkep
jadi ....hehehe teu wasa nyebutkeunana. Lian teu wasa, oge kuring percaya,
teu sakabehna karitu.

manar

2010/7/1 Surtiwa <surt...@gmail.com>

>
>
> tap anu ngagetkeum eta panyataan pak Jenderal..." Ulah poho saday
> 450,000 Pulisi Indonesia kasigeung "..wah..ngancem ieu teh...
>
>
> On 7/1/10, Waluya <waluya2...@yahoo.co.id <waluya2006%40yahoo.co.id>>
> wrote:
> > Naon beja nu haneut ayeuna? Salah sahijina Laporan Majalah Tempo perkara
> > rekening "teu wajar" para Jenderal Pulisi. Laporan majalah Tempo ieu
> > nyababkeun pulisi siga nu "janggotna kahuruan", biasa bela diri jeung
> arek
> > nuntut Tempo sacara pidana jeung perdata. Anehna nu dimasalahkeun ku
> pulisi
> > teh lain eusi beja laporanana tapi coverna majalah Tempo, nu
> ngagambarkeun
> > saurang jendral pulisi nuntun (disered) babi ...hehehe. Ceuk saurang
> > panggede pulisi cover eta ngahina Pulisi, sabab nyaruakeun pulisi jeung
> > babi.
> >
> > Wah sigana gara-gara laporan Tempo ieu, Pa Pulisi jadi sensitip pisan,
> > tepika gampang kasigeung. Poho yen geus ti baheula mula, urang Indonesia
> sok
> > neundeun duit dina cengcelengan. Sedengkeun kecap /cengcelengan/ sigana
> tina
> > kecap /celengan/ -> /celeng/ nu hartina bagong. Jadi gambar babi dina
> cover
> > eta ngalambangkeun tempat neundeun duit alias rekening ..heuheu.
> >
> > Saena mah Pa Pulisi lamun bade tantat-tuntut teh diemut heula, ulah maen
> > peletak nyarios di media asa disaruakeun jeung sato/bagong. Karunya ka
> > pulisi-pulisi nu balageur, jadi kabawa-bawa "diseungseurikeun".
> >
> > Wilujeng Tepang Taun Pak Pulisi!
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> >
> >
>  
>

Kirim email ke