ceuk beja mah aya tilu rukun sono teh: kahiji tas ngajuru, kadua tas nyaba, katiluna tas pasea. hehehe
2010/7/14 jangdede <jangd...@gmail.com> > > > Tah eta teh naon Wa... > Sikuring keur mulungan pangaweruh yeuh... > Eta kakara nguping Wa........... > Sok dipedar..... > > 2010/7/14 mh <khs...@gmail.com> > > >> >> cing sanggeus ayeuna imah tangga, sugan aya, ari rukun sono naon cenah >> kang dede? >> >> 2010/7/14 jangdede <jangd...@gmail.com> >> >> >>> >>> Kamari basa sikuring rek kawin, kolot teu sirik unggal poe nelpon si >>> kuring mere nasehat sangkan imah tangga anu baris diwangun teh kuat jeung >>> awet kalayan bener. >>> Salasalima papatah kolot teh netelakeun kawajiban anu jadi salaki. Dina >>> nerangkeun eta konsep teh ngagabungkeun antara konsep agama jeung budaya. >>> Kawajiban salaki teh diwengku ku 5 rupa kawajiban anu ceuk koot sikuring >>> tea mah disebut 5M " >>> >>> 1. Mingpin >>> 2. Mamatahan >>> 3. Maraban >>> 4. Makean >>> 5. Mondokan >>> >>> Tah eta konsep kawajiban salaki teh di eceskeun leuwih rinci. Tapi da >>> sikuring mah moal ngabenjerbeaskeun eta 5 kawajiban leuwh panjang. Da >>> panginten dulurs teh tos arapal jeung langkung paham kana eta konsep anu >>> saleresnamah eta teh parantos di tedunana sapuratina ku sakabeh salaki >>> (meureun?) . Tapi mugia eta konsep ceuk kolot kuring teh bisa mere mangfaat >>> ka dulurs anu can rumahtangga jeung baris kawin. >>> >>> Cag ah... >>> jangdede >>> >>> >>> >> > > > >