Puguh ngalaman pait pisan..1000 rp janten 1 rb. Eta harita artos
pangsiunan pun aki teh 8 rb....Mun teu lepat gajih Kapten AD waktos
eta 12 rb (pun paman). harita terbit artos anyar pecahan 1 rb an. Eta
Aki jeung paman ngalenguh..."Aduh gajian teh ayeuna mani ipis pisan "
. Kanggo babanding pangaos hem (kameja leungeun pondok (merek Foxton)
600 perak, pangaos Aki mobil merek delco-50 Ampere 12 rb, hasrita pun
Aki gaduh Suburban Chevrolet Apache. Pokna : " Walah duit pangsiun teu
bisa meuli Aki acan"...

On 7/16/10, mj <ja...@itenas.ac.id> wrote:
>
>
> Heuheu. kapungkur abah sigana ngalaman aya kebijakan nagara jaman bung karno
> no ngagunting artos. Sigana alatan angkana baradag teuing bari nilaina
> leutik. Duka 1.000 jadi saratus rupiah duka kumaha tah.
>
>
> -----Original Message-----
> From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
> Behalf Of Surtiwa
> Sent: Thursday, July 15, 2010 6:43 AM
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: Re: [Urang Sunda] duit rupiah
>
> Sasangkleng teuing atuh Mang ngabandingkeun si rp sareng si f
> mah..Makana anu korupsi di Indo dina rp satuan na MILYARD......
>
> On 7/14/10, mj <ja...@itenas.ac.id> wrote:
>>
>> Basa ka leiden walanda, dibere beasiswa keur biaya hirup (living cost) nu
>> rincianana: biaya kos, dahar, transport, sabulan 1.000 euro. Jadi tilu
> bulan
>> teh dibere 3.000 euro. Cukup. Komo mun teu udud jeung masak sorangan.
>>
>> Ayeuna boga duit 3.000 rupiah, ongkos angkot ti Ledeng-Cihideung ge 3.500
>> rupiah. Ka toilet di mall, 1.000 rupiah.
>>
>> Karunya eung duit rupiah...
>>
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>

Kirim email ke