Ngiring nimbrung saeutik soal kecap wawayagon, eta kecap di lembur tempat kuring lahir jeung digedekeun di Kawali (Ciamis kaler?) tos lumrah pisan diparake. Wawayagon ngandung harti jijieunan anu asal-asalan bae; asal jadi; jauh tina alus atawa jauh tina kuat Contona: Nyieun sasaungan teh ilaing mah wawayagon pisan, ku hujan leutik tadi peuting oge geus rubuh.
--- Pada Ming, 18/7/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com> menulis: Dari: oman abdurahman <omana...@gmail.com> Judul: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Entragan Anyar Sastrawan Sunda (URHM) Kepada: kisu...@yahoogroups.com Cc: urangsunda@yahoogroups.com, ta...@yahoogroups.com Tanggal: Minggu, 18 Juli, 2010, 10:53 AM Nuhun kang Maman, reportase salira ngeunaan kamekaran Sastra Sunda, tos ngubaran kasono - tapi teu kalis kacacapkeun alatan pakepuk ku balas cicing :) - salila ieu. Nyaan, karasa antare pisan kamekaran sastra Sunda teh. Sok sanajan kitu, dibanding seler sejenna, urang Sunda tetep masih rada onjoy dina hal miara jeung mekarkeun sastra daerahna. Contona wae, sakumaha laporan kang Maman ieu, di Sunda masih hirup kalawan cukup dari majalah lokal anu mindeng ngamuat karya sastrawan Sunda kayaning: "Mangle", "Cupumanik", sareng "Sunda Midang". Bandingkeun, upamana jeung Lampung anu teu boga pisan majalah-majalah kadaerahan model di urang. Ngeunaan media elektronik samodel internet pikeun tulas-tulis atawa mintonkeun karya sastra atawa pangaweruh memang di urang teu acan umum. Sagigireun ti eta, buku (hardcopy) atawa media citak sejenna nepi ka iraha wae sigana tetep moal bisa kaelehkeun ku media elektronik samodel e-book. Hal ieu kusabab sababaraha kaunggulan buku anu ditepikeun ku kang Jalal dina hiji kasempetan payuneun presiden Iran, Ahmadinejad (asana, reportase hal ieu kungsi ditepikeun di ieu milist ku kang Ahmad Sahidin). Sok sanajan kitu, presiden Iran ngawanti-wanti pentingna merhatikan media elektronik model e-book keur generasi ngora ka payun (sikep Ahmadinejad ieu tangtu nuduhkeun oge pentingna media elektronit pikeun kamajuan sastra oge elmu pangaweruh). Lian ti eta, seratan bah Usep anu didugikeun ku kang Maman, abong sastrawan, karasa pisan tos maparin conto kumaha nyerat nu sae dina basa Sunda. Tina eta seratan anjeunna anu kaasup kritik kana sastra Sunda, aya hiji - dua kecap anu karasa anyar wanoh pikeun si kuring. Salah sahijina nyaeta kecap "wawayagon". Sanggeus maca salengkepna padalisan anu ngamuat eta kecap, karek kaharti naon maksus satemenna ieu kecap "wawayagon" Salengkepna seratan bah Usep anu ngandung kecap "wawaygon" teh ieu: "...Pelu disebut pangarang Ena Rs. Kawilang produktip pisan nulis carpon, artikel, jsb.nu dimuat dina “Mangle” atawa “Sunda Midang Tapi henteu dibarung ku usaha kreatif pikeun ningkatkeun ajen karya. Sabada carponna nu alus “Telembuk” (Mangle 2110, dimuat deui dina “Kanagan 2”, carpon-carpin Ena Rs kadieunakeun wawayagon pisan.Ukur semet “carita biasa” nu mangrupa “laporan” atawa “beja” dina wangun carpon (fiksi). Sababaraha carponna dina “Mangle” taun ieu, tacan nembongkeun hasil gawe nu enya-enya...". Timana asal kecap "wawayagon" teh? Upama nuturkeun ugeran kecap-kecap model "paguron", "pabukon", "papagon", jsb anu masing-masing asalna tina kecap "paguruan", "pabukuan", "papaguan", jst, tangtu eta kecap "wawayagon" teh asalna tina kecap "wawayaguan". Paguruan asal kecapna tina kecap "guru", jadi, "wawayaguan" asal kecapna tina "wayagu" (suku kecap diulang 2x nuduhkeun loba atawa mindeng?). Naon ari harti asal tina kecap "wayagu"? aya anu tiasa maparin "pencerahan"? diantos. manar 2010/7/14 Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com> Kasanggakeun seratan Bah Usep di Mangle, nu oge dimuat di facebook anjeunna. Mugi mangpaat. Komentar kuring : Mun tea mah media sastra Lampung (oge sastra daerah lianna) euweuh, ku naon teu ngamangpaatkeun internet, nya? Boh situs, milis, facebook, atawa blog. Pan murah, malah haratis pisan, jeung gampang. Atawa pedah gampang (jeung teu dibayar) eta ajenna dianggap leuwih deet manan media konvensional? Mun eta alesannana, asa ku hanjakal. Atawa wangkongan Goenawan Mohammad ngeunaan filsafat jeung kabudayaan, Lidle ngeunaan pulitik Indonesia, Julia Gillard ngeunaan ekonomi jeung industri pertambangan Ustrali, barudak Iran ngeunaan arsitektur Iran paska Revolusi Iran, memang kurang ajenna manan diskusi maranehna dina koran atawa rohang kuliah? Atawa urang Lampung nganggap internet umumna, fitur-fitur nu nyampak khususna (boh milis, social network, atawa blog) kadar hiburan? Pangbeberah manah tina kasibukan sapopoe? Wallohualam. Baktos, MGT ============ ========= BAGEA GENERASI ANYAR SASTRA SUNDA (MANGLE 2278, JULI 2010 ) Share Today at 10:11amDina wangkongan jeung papada pangarang daerah (Jawa, Bali, Lampung) nu sarua meunang Hadiah Rancage 2010 di Yogyakarta (28-29 Mei), kaungkap sawatara pasualan poko ngeunaan kahirupan sastra daerah danget ieu. Nu dipikahariwang teh, nyaeta soal regenerasi. Teu rea barudak ngora nu boga perhatian kana sastra daerah sorangan. Nu boga minat kana sastra, leuwih hade milih sastra nasional atawa internasional nu geus puguh mangsa pikahreupeunana. Nu jadi hahalang teh deuih, media keur ngajurung jeung ngagedurkeun perhatian jeung sumanget mikacinta sastra daerah. Pangpangna di Lampung. Taya pisan media mangrupa suratkabar atawa majalah basa Lampung . Para pangarang basa Lampung kudu langsung nulis buku, anu tangtu bae leuwih hese, ti batan nulis keur media massa. Dina kituna mah, sastra daerah Sunda masih keneh untung. Boga “Mangle”, “Cupumanik”, “Galura”, “Sunda Midang”, “Seni Budaya”, jeung “Bina Da’wah” pikeun lahan latihan nulis karya (carpon, sajak, essey), samemeh undak kana nulis bahan pibukueun nu tangtu bae merelukeun tatahar tehnis jeung non tehnis kawilang rohaka. Malah kadieunakeun, surat kabar “Tribun Jabar” mere kontribusi hade pisan ku muka rubrik carpon Sunda ungggal Saptu. Kitu deui lambaran budaya “Khazanah Pikiran Rakyat” sawaktu-waktu ngamuat karya sastra Sunda, boh prosa boh puisi. Sastra daerah Jawa jeung Bali oge boga media basa jeung sastra nu mayeng. Turta dirojong ku suratkabar nu medal di daerahna masing-masing, saperti “Suara Merdeka” jeung “Bali Post”. Pikeun sastra Sunda, soal regenerasi kawilang reugeug. Satengahing mayengna karya-karya pangarang nu geus kahot (umur 35-70 taunan), karya-karya pangarang anyar (umur 20-30 taun) geus mimiti renung. Najan karereanana masih dina tahap “lelengkah halu”, tapi geus katembong hiji dua nu nembongkeun karya daria.Tinggal kapancegan jeung kajununan. Lain ukur resep sageprakan. Aya sawatara urang pangarang Sunda generasi anyar nu ngahaja dicatet jeung diimeutan. Kalawan harepan sugan bae jadi pamecut ka nu diajen. Upamana bae Toni Lesmana. Geus muncul tilu-opat taun ka tukang. Nembongkeun kreativitas dina widang sajak jeung carpon. Malah geus kaginuluran hadiah sastra nu diayakeun ku “Mangle” (sajak pinilih jeung carpon pinilih) katut LBSS. Carponna “Nini Rumi” (“Mangle 2257, Pebruari 2010), bisa kaasup nyastra. Gaya nyarita, gagasan, imajinasi, nu kawilang sampurna. Bari ngandung kritik sosial nu lantip kana kaayaan lingkungan jeung seni tradisi. Hiji hal nu langka atawa acan kapanggih dina karya-karya pangarang entragan anyar nu kaiket keneh ku “ego”. Ambahan referensi jeung aktivitas gaul Toni, mere bobot sejen kana karya-karyana, samodel “Nini Rumi “ anu ceuk kuring leuwih alus batan dua carponna nu kungsi dimuat dina “Tribun Jabar” cikeneh. Kitu deui Nunu Nazaruddin Azhar.Dina carpon “Rustam Maok Bulan” (Mangle, Januari 2010), geus hasil nyurupkeun kaparigelan nyarita jeung tema katut gagasan. Sanajan kasebut in-konvensional, tapi “Rustam Maok Bulan” tetep karasa rasional. Henteu ngaya-ngayakeun. Mun dibandingkeun jeung carpon-carpon Nunu samemehna, carpon “Rustam Maok Bulan” mangrupa kamajuan luar biasa. Moal kaliwat nyebut ngaran Onnok Rahmawati sabada maca carponna “Berlian” (Mangle 2268, April 2010). Carpon samemeh, sarua dimuat dina “Mangle” nyaeta “Sapanjang Jalan” (mun teu salah). Dian “Cupumanik” kungsi kabaca tulisanana ngeunaan gula kalapa. Mungkin aya karya-karya sejenna, nu teu kaparengan kabaca Hartina Onnok cukup kreatip jeung produktip nulis dina basa Sunda. Dina carpon “Berlian” Onnok geus hasil ngangkat tema anu unik tur spesifik. Hubungan batin dua nini-nini di hiji pakampungan. Nu saurang kungsi beunghar, tapi gabug. Ngadadak rucah sabada dinyenyeri ku salakina kawin deui alatan hayang boga anak. Nepi ka harta bandana ledis, jeung jadi langlang-lingling eureun jadi. Nu saurang deui, paraji, heman ka sasama. Eta dua nini-nini saimah, sili tulungan. Pangpangna nu paraji. Jalan carita ngaguluyur. Wajar, mausiawi. Tanpa pretensi hayang dipikarunya, atawa sentimentil. Numuwuhkeun rasa simpati spontan ka tokoh-rokohna. Onnok geus hasil medar hiji lalakon manusa ku cara “nyeni” (estetik) nu kawilang langka pikeun pangarang saentraganana. Tur wajar pisan lamun kuring omat-omatan ka redaktur “Mangle” (utamana Abdullah Mustappa jeug Dian Hendrayana) sangkan ieu pangarang diaping dijaring lah nepi ka melengkung bekas nyalahan. Ngaran-ngaran sejen nu perlu diperhitungkeun pikeun jadi tuturus regenerasi sastra Sunda, di antarana bae Popon Sa’adah, Nunung Sa’adah, Andri Adriansyah, jsb.nu karya-karya mindeng kapanggih dina majalah/suratkabar Sunda. Kitu deui nu kungsi muncul, malah meunang hadiah “carlih” Mangle, tapi tuluy ngiles deui, seperti Annisa Wulandari, Widhiyadini, A.Budiman, Andri Priyatna, jsb nu karya-karyana dimuat dina kumpulan carita pinilih Mangle “Kanagan 2” (2008). Pelu disebut pangarang Ena Rs. Kawilang produktip pisan nulis carpon, artikel, jsb.nu dimuat dina “Mangle” atawa “Sunda Midang Tapi henteu dibarung ku usaha kreatif pikeun ningkatkeun ajen karya. Sabada carponna nu alus “Telembuk” (Mangle 2110, dimuat deui dina “Kanagan 2”, carpon-carpin Ena Rs kadieunakeun wawayagon pisan. Ukur semet “carita biasa” nu mangrupa “laporan” atawa “beja” dina wangun carpon (fiksi). Sababaraha carponna dina “Mangle” taun ieu, tacan nembongkeun hasil gawe nu enya-enya. Pikeun ngarobah kaayaan samodel kitu, produktivitas pangarang kudu dibarengan ku aktivitas jeung kreativitas nu saimbang. Samodel getol olah-raga kaluar kesang, merelukeun tambahan (suplemen) vitamin nu mayeng. Suplemen pikeun pangarang taya deui iwal ti rea maca, remen ngimpleng kalawan teleb pasualan nu baris diungkab dina carita, jeung merenahkeun “voint of view” (titik sawangan), sangkan wangun carita bisa gulet leleb jeung eusi carita. Carpon “Berlian” karya Onnok Rahmawati nu geus dipedar di luhur, bisa dijieun conto pangdeukeutna jeung panganyarna. Bari jeung merhatikeun kurang jeung leuwihna, generasi anyar pangarang Sunda geus lahir jadi kanyataan. Bagea tandang makalangan, kalawan dipapag ku kabungahan.* ** Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441