Punten ngaganggu nyelang heula bade tumaros ari bojo B. Kombayana adina Krepa 
tea sami kitu sareng kuda bikang anu meuntaskeun manehna?

--- Pada Sen, 19/7/10, Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com> menulis:

Dari: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Judul: [Urang Sunda] Bambang Kombayana ka-11
Kepada: "kisunda" <kisu...@yahoogroups.com>, "urangsunda" 
<urangsunda@yahoogroups.com>
Cc: ta...@yahoogroups.com, grek_2...@yahoo.com
Tanggal: Senin, 19 Juli, 2010, 10:12 AM







 



  


    
      
      
      Laju lampahna B Kombayana nuju ka Pancala; ayeuna mah anjeunna 
ngalangkungan
seueur pakampungan, da sigana eta nu dijalanan ku anjeunna teh Hiji wilayah 
Karajaan nu ageung oge. Di dinya meureun Krepa dijadikeun Guruna teh, gerentes 
B KombaYana.

Anjeunna teu sumpang simpang, teras wae laju, nuju Pancala.

Disatengahing marga....... ......... kakuping ku anjeunna aya nu nuju gunem 
catur, imbal wacana; ku margi memang B Kombayana sakti, iasa nguping jelas ti 
katebihan; anjeunna
kaget, margi nu nyarios teh hiji guru sareng muridna; sareng aya kasabit sabit 
soal PANAH.
Hehehehe, naha enya di ieu Nagara aya Resi Jago Panah ? Ah panasaran.

Enggalna wae B Kombayana nyaketan ka sonten nu nuju gunem catur; katingal aya
RESI nu potonganana kacida jagkung badagna; najan tos sepuh katingal gagah
keneh pisan;
 dipayuneunana calik hiji nonoman nu ditingal sareret saluhureun anjeunna;
eta murid teh sababaraha kali rekes ka guruna nu sepuh tea; tapi si nu sepuh, 
teu
weleh nolak. 

"Yeuh geus sababaraha kali Kaula ngomong, yen Kaula moal daek mere elmu
Pangaweruh ka Golongan Ksatriya; Kaula ngan ukur rek ngajar ka Brahmana
wungkul; ari ka sampeyan mah beda, lantaran Kaula kayungyun ku polah andika,
tuhu ka na Jangji; hormat tilawat ka sepuh; tah komo ayeuna sampean oge geus
Satriya pinandita. Nu matak ka sampeyan mah teu dikoretkeun elmu Kaula teh.
Ditamplokkeun kabehanana. Kaula dititah ngajar nu sejen mah, moal teuing. Barina
ge Kaula mah ngamusuh tah ka Bangsa Ksatriya teh."

E ta nonoman, nu calik payuneun guruna nu tes sepuh, teu kecet2, calik we bari
ngupingkeun sagala kasauran guruna.

Barang nguping eta kasauran nu sepuh, nu nganggo anggoan Resi, enggal wae
B Kombayana kaluar nyampeurkeun, bari teras
 ngandika :"punten Kaula lancang
pipilueun ka na imbal wacana Sang Resi sareng ieu Satriya, Kaula putra Resi 
BaradWaja, panginten ka Kaula mah, sang Resi teh moal koret nya ?"

"Anak saha ? Baruk Resi Barad Waja ? masih aya keneh eta Resi sobat kaula teh ?!
Jeung boga anak sakieu gagahna.Hahahaha"

Kaget manah B Kombayana, teu nyana di ieu daerah anjeunna bakal tepung sareng
sobat ramana. Enggalna ngandika :"Rama parantas ngantunkeun, ayeuna kuring
nunggelis; jadi kuring ayeuna bungah pisan, tepang sareng sobat bapa kuring; 
kuring
ge sakalian rek guguru, tapi punten pisan, rehna Kaula baheula geus diajar ku 
Bapa
Kaula, jadi Kaula samemeh guguru rek nyoba heula ; bok bisi sampeyan teh Resi nu
aku2 nyobat ka Bapa Kaula, padahal henteu aya hubungan naon2; sarengna deui 
memang Kaula hayang guguru pisan; da nyiar elmu panemu mah kapan kawajiban. 
Tapi Kaula
hayang mastikeun yen nu diguruan ku Kaula teh, nyata miboga
 elmuna."

Barang nguping kasauran B Kombayana kitu , eta pamuda nu titatadi ngeluk tungkul
payuneun guruna, enggal wae ngandika:"Eeeh lancang temenan sampeyan, Guru 
Parasurama,Rama Bargawa; punten nyuhunkeun idin Kaula bade nguji ieu jalma
lancang."

Guru nu disebat Rama Bargawa teh, gumujeng, saterasna ngidinan.

Eta nonoman cengkat, teras ngadeg, nyata kaciri warugana jangkung badag, 
sluhureun
B Kombayana; wah rek naon ieu murid bodo teh, hayang dibabetkeun? Kitu manah B 
Kombayana.

"E Ladalah, teja sulaksana, teja wong becik, sulaksana wong anyar pinanggih.
Cik geura sebut aran andika, ti mana sampeyan datang? Ieu Kaula Bhisma
Dewabrata putra Astina, Kaula murid Rama Guru Rama Parasu. Samemeh sampeyan 
nyoba2 Ilmu Guru, cobaan heula Kaula, muridna."


HANCA



      

    
     

    
    


 



  





Kirim email ke