Tah..tah..tah, tos dugi ka dieu, Bambang Kombayana ka Astina pendak sareng 
Pandawa - Kurawa keur bureyna,  asa rada bray-brayan emut deui kana bacaan 
baheula nuju budak. Mangga atuh lajengkeun kulan! Mung pribados teh rada 
panasaran margi dina versi sanes aya nu nyebatkeun yen Kreppi teh sami sareng 
kuda bikang anu meuntaskeun Bambang Kombayana tea. Punten pami lepat.
--- Pada Sel, 27/7/10, Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com> menulis:

Dari: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Judul: [Urang Sunda] Bambang Kombayana ka -20
Kepada: "kisunda" <kisu...@yahoogroups.com>, "urangsunda" 
<urangsunda@yahoogroups.com>
Cc: ta...@yahoogroups.com, grek_2...@yahoo.com
Tanggal: Selasa, 27 Juli, 2010, 2:21 PM







 



  


    
      
      
      Saparantos jarempe, enggal wae B Kombayana/Resi Drona ngandika :"Ke hidep
sadayana, ari bal na teh langgeorna kamana ?"

Enggal si pang sepuhna nu jangkung tea ngawaler :"tuh ka sumur eta; rada jero, 
mung
teu aya caian."

"Cing yu urang tingali."

Enggalna sadayana ngarubung eta sumur, pang payunna Resi Drona, saparantos 
ningali bal nu na sumur tea; enggal Resi Drona ngawatek Aji Danur Wenda; najan
tanpa daksa oge , ari elmu mah teu ical. Teras Resi Drona nyambut dongdoman;
tidinya eta dongdoman ngan sakilat dilempagkeun, cep nancep ka na bal anu
mangrupa karet atah dihijikeun ( bal modern teu acan aya ). Teras ngan sakilat
sakilat domdoman dilempagkeun, aneh pisan; eta dongdoman teh ngaruntuy,
siga tambang, satiap nu dilempagkeun ku Resi Drona, tinangtu pas meneran ka nu
dipikapalay. Tungtungna jadi panjang nepi ka
 biwir sumur. Teras dibetot giriwil we
eta dongdoman teh pageuh pisan narancepna teh, nepi eta bal iasa dicandak.
Geeeer we eta barudak teh sarurak. Ger we rek maraen deui. Tapi aya hiji budak
malah nyampeurkeun ka Resi Drona , dat nyembah.

"Duh, Resi anu luhung ku elmu, ajar Kaula ku elmu eta. Kaula moal waka ingkah,
lamun Paman Resi teu masihan elmu ka Kaula."

Resi Drona kalintang kayungyunna ku eta Murangkalih teh. Duka kumaha jol cop 
nyaah
we Kombayana ka eta budak teh.

"Hidep teh saha tea, sareng Putra saha ?"

"Kuring Arjuna, tuh dulur2 kuring opat deui. Nu jangkung, pangsepuhna eta 
lanceuk
kuring nu cikal, jenengan Yudhistira, Ari itu nu Badag awakna, lanceuk kuring,
namina Bhima; ari eta nu kembar meh sarupa, adi kuring, Nakula Sadewa. Ari 
kuring
teh Putra Raja Astina, Prabu Pandu, mug tos teu aya dikieuna."

Gebeg we Resi Drona, barang nguping yen eta teh kutan Putra Raja Agung
 Astina.
Tadina Resi Drona bade nolak, mung anjeunna imut, palay males pati ka Drupada;
keun sugan aing bisa mangpaatkeun yeuh anak2 pangagung; rek iraha deui males
pati, mun teu ayeuna. Kitu manahna Resi Drona.

Enggalna ngandika:"Ah, kapan Nagara Astina mah Nagara Gung Binatara, pitaku bade
butuh ku aki2 model Resi Drona?"

Bingah amarwata suta, bingahna kagirgiri Arjuna. Enggalna Arjuna nyarios yen 
Resi 
Drona, kedah ngantosan anjeunna, margi anjeunna bade lapor. Berebet wae Arjuna 
ngantunkeun eta tempat. Ka saha laporanana Arjuna ?

Teu aya sanes iwal ti ka ingkang Eyang, Bhisma Dewabrata. Kaleresan harita 
Bhisma
nuju di luar Karatonna, nuju ningali Para Prajurit latihan, atuh Arjuna nu nuju 
tipaparetot
lumpat, muru ka anjeunna enggal katingal. Bhisma kaget wireh ningali Arjuna 
tipaparetot, tara2 ti sasari. Ku margi Bhisma nyaah pisan ka ieu Arjuna, enggal 
wae lumpat oge muru, bilih aya naon2.

"Arjuna,
 hidep ku naon lumpat muru ka eyang? Naha aya musuh, atawa kacilakaan?"

"hoh  hoh  hoh......... .....eyang. ...e   yang........ .   aya paman 
sakti....... ......  di  di  tu...
bari nunjuk ka tempat tadi maen bal.

"Hhahaha, ke ke ke, sok atur heula napas, ulah garang gusuh kitu, naon pok 
nyarita ka eyang ?"

"Duh eyang, itu aya Resi tiasa ngangkat bal ti na sumur, ngan ku ngagunakeun
jukut, kuring hayang pisan bisa cara eta paman, nya punten we tos mayunan 
eyang, 
Kaula menta eta Paman Resi daek ngajar elmu eta."

Bhisma kapiasem ningal kalakuan Arjuna nu sakitu dariana enggal wae Bhisma
ngiring ka Arjuna bade ningali saha eta Resi. Barang gok anjeunna teu 
kasamaran, yen 
eta teh Bambang Kombayana, masing bari heran lantaran naha waktu mimiti panggih
mah B Kombayana teh gagah, ayeuna siga kolot pisan ?

Enggalna Bhisma Dewa Brata ngawilujengkeun Resi Drona:"
 Bambang Kombayana, 
bagea sampean, ngan Kula rada kasamaran, naha andika bet rada robah kitu ?"

Segruk bae B Kombayana nangis, teras ngalalakonkeun sprakna kapungkur pipisahan.
Bhisma nu wijaksana masihan emphaty ka Resi Drona, saterasna Bhisma tumaros
manawi Resi Drona kersa ngalatih Putu2na. Nya enggalna Drona nyaluyuan kana
pabfharepan Bhisma, anjeunna nyanggupan. Atuh Bhisma Dewabrata bingah pisan, ku
margi yakin yen Resi Drona bakal tiasa ngajar kalawan hasil putu2na.

HANCA



      

    
     

    
    


 



  





Kirim email ke