Euuh aing mah, bet poe kemis atuh nyieun acar teh. Nyaho isukna kudu gawe. coba jumaah peuting, atawa sabtu peuting, bisa meureun kuring lalajo.
Kang Agus, punten pangbejaankeun panitia:
Pangersa Raden Agung Irpan Rispadi Raksa Galaksi Bimasakti Rahayu Ningrat teureuh planet Krypton hoyong nongton kituh, tapi sanes dinten kemis. iasana dinten jumaah atanapi sabtu. Pang robahkeun jadwalna.

hatur nuhun

(lamun teureuh ningrat nu menta, cikan bakal ditedunan moal nya he...he..he.. )
--

Sim abdi teu gaduh BlackBerry



On 07/29/2010 12:18 PM, agushermawan wrote:

Ka para saderek nu rarodek, dulur-dulur tukang bajigur urang sunda di jakarta nu garaya... bilih sono hoyong nonton wayang golek, mangga sumping ka Bentara Budaya Jakarta, Jalan. Palmerah Selatan 17 Jakarta, Telepon : 021 5483008 ext 7910 - 7911 (kaleresen payuneun irung kantor abdi pisan), Dinten Kemis, 29 Juli 2010 tabuh 20.00 (duka dugi ka subuh antanapi disingket) didalangan ku Dalang Eka Cecep
Haratisss...... tis...

baktos
(tukang bandros)




Kirim email ke