Duryodhana enggal komentar :"Eh, Paman Widura, paman bah biasa ari tos ngelon 
Pandawa teh. Kudu adil atuh Paman, ulah sok ngabela wae Pandawa. Kapan Paman 
teh calik di Astina, piraku bade biluk ka Wirata mah."

Widura enggal ngabales eta komentar:"Eh lain kitu Pangeran Duryodhana, urang 
lamun ngabahas naon2, kudu netral, kena2 Pandawa teu aya soara, terus we rek 
sangeunahna disalahkeun di na ieu sidang, bari jeung teu aya kasempetan 
ngabela diri ?"

Sakuni enggal komentar deui :" enya bener naon nu disebutkeun Widura teh teu 
salah, tapi masing kalah kumaha oge, kapan Pandawa teh estu Putrana Sang Prabu
Destarastra ; sakedahna mah utusan oge dipiwarang sowan atuh ka Sang Prabu; 
kapan ieu mah henteu sama sakali; jadi urang teh mikir, naha Pandawa geus teu 
nganggap deui ka pinisepuh di Astina ? Naha Pandawa geus nganggap musuh 
ka Astina ?"

Omongan Sakuni estu provokasi pisan, nepi ka sidang jadi rame ku nu cocorowokan:
"Tong dipulangkeun Indraprasta ka Pandawa ! Malah Pandawa kudu dihukum !?"

Enggalna Bhisma ngandika :"Eh, ke heula ngomong ngahukum mah gampang,
soal ngamusuhan Pandawa oge ngan ukur gampang diomong, tapi susah dilakukeun.
Buktina kapan di Wirata, andika sakabeh diborogod ku Arjuna, teu walakaya."

Ku cariosn Bhisma jep we nu ting corowok teh jempe, loba Putra Kurawa nu sarepa
rarayna, ku sabab memang ngarasa rada gimir mayunan ketak Arjuna; tos bukti
Arjuna memang sakti."

"Hehehehehehe............." Kakuping aya nu seuri nu nadana 
nyindiran..............
NYata eta teh seuri sinisna Sakuni. Sakuni enggalna biantara :"Hehehehe, hadirin
sadayana ahli Jum'at anu mulya..............aeh parunten.............anu mulya 
anggota
Dewan Pleno Astina, cing naon sababna Arjuna meunang waktu perang ngalawan
urang ? Padahal dikoroyok ? Taya lain eta teh FAKTOR Kejutan tea ( mh ); 
hehehehe.
Lantaran sarerea teu nyangka yen bakal panggih jeung Arjuna di na waktu harita;
katambah meureun aya sabagean nu ngahaja ngelehan maneh, lantaran eta teh
incu kameumeut, tur geus lila teu panggih; atuh aya oge nu ngarasa eta teh Murid
Kinasih, nu teu pantes diperangan; aya deui nu ngarasa ngoroyok mah teu pantes, 
jadi sarwa salah. ( eta nu disebut ku Sakuni tangtu Bhisma, Resi Drona sareng 
Karna ).
Tah kitu para saderek sadayana, nu matak Arjuna harita unggul; tapi mun ayeuna
kajadian perang deui, hehehehe, Arjuna dikoroyok/ngalawan 4 Arjuna ti Astina, 
tangtu elehna !"

Raja Angga Karna, enggal nyungkeun idin nyarios lantaran asa dijalanan kanggo 
mupus kawiwirangan waktu perang di Wirata  : "Hehehehe, teu salah omongan
Paman Sakuni tadi, nya memang Kaula ngarasa kagok jeung era nyanghareupan
Arjuna nu perang sorangan ngalawan ka urang, katut Prajurit2 loba pisan; asa
jadi pengecut; jadi memang harita Kaula teu siap Perang jeung Arjuna. Tapi di na
Waktu ieu. Hahahaha, Arjuna ulah sambat kaniaya tangtu binasa ku panah Karna !"
Nyariosna Raja Angga agem sareng pinuh ku sumanget. Atuh der para Kurawa
sarurak, panuju pisan ka na biantara Raja Angga, Karna.

Bhisma barang nguping kasauran Sakuni sareng Karna Raja Angga nu sakitu 
provokasina enggal nyarios ka Sang Prabu, supados Sang Prabu nunda heula ieu 
sidang. Sang Prabu enggal nyaluyuan, saterasna, Sang Prabu Drestarastra lugay 
ti 
na Kursi sidangna, dituyun/dipapah ku Sanjaya nu satia. Enggalna sidang 
diskors, 
bari ditungtungan ku kukulutus ti para Putra Destarastra ( Kurawa ).

Sabubarna eta pasamoan Duryodhana enggal nyaketan Sakuni, kumaha ayeuna, 
naon nu kudu dilakukeun. Duanana kucuwas kecewis da bisa aya nu ngupingkeun
eta obrolan; saterasna Arya Sakuni ( lantaran aya hak Ngarajaan Gandara ) 
ngawejang
ka Duryodhana supados Prabu Drestarastra ulah ragu2 di na ngarojong maksad para
Putrana. Suyudhana bingah manh, ku margi yakin yen mun perang tangtu Pandawa 
asor; kantun ayeuna mangaruhan Ramana nya eta Prabu Drestarastra, supados biluk
ka para Putrana. Di na hal ieu bakal dilaksnakeun ku Duryodhana.

Harita di tempat istirahat Raja, Prabu Drestarasa katingal nuju guntreng sareng 
Gandari
Prameswarina wedalan Gandara; Gandari teh ngiring teu ningali cara Carogena; ku 
nutup
socana ku lamak bodak anu kandel; dugi ka leres2 Gandari teu ningali naon2; eta 
teh
tos aya puluhan taunna, di na enggoning satya tuhu ka caroge. Ku Drestarastra 
ge diwagel, tapi Gandari keukeuh teu yasa dilarang. NYa atuh Drestarastra ge 
pasrah we,
sareng ngahargaan pisan ka garwa anu sakitu satiana.

Tah harita Prabu Drestarastra nuju gunem catur perkawis tuntutan Pandawa ka 
nagri
Indraprasta, Drestarastra kalintang ewed galihna, ku margi para Putra sakitu 
keukeuh
peuteukeuhna ngawasa Indraprasta, moal dibalikkeun ka Pandawa cenah. Atuh Sang
Prabu bingung, nya soal ieu nu nuju digunem caturkeun sareng Gandari.

HANCA



      

Kirim email ke