Bade naros, dina versi sunda, batara narada salah masihan konta ka dipati 
karna, pami dina versi india kumaha ?, nuhun

--- On Tue, 8/3/10, Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com> wrote:

From: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Subject: [Urang Sunda] Samemeh Bharata Yudha ka-6
To: "kisunda" <kisu...@yahoogroups.com>, "urangsunda" 
<urangsunda@yahoogroups.com>
Cc: ta...@yahoogroups.com, grek_2...@yahoo.com
Date: Tuesday, August 3, 2010, 12:11 PM







 



  


    
      
      
      Tunda cariosan di Nagari Astina; urang ayeuna ningali hiji nagari leutik 
nu jadi
nagari pinggiran ti Astina. Najan leutik, tapi eta Nagari teh kalintang 
kasohorna,
moal sambarang Nagara nu wantun nyisikudi nagari eta. Naon nagarana ?
Najan leutik tapi nyata rahayatna makmur sadaya, para senapati tamtamana
kaciri digjaya; naha eta Nagara leutik, bisa kasohor ? Taya lian kulantaran
kharisma atawa Pangaruh nu jadi Rajana, salian ti wijaksana, oge kasohor
tukang perang, ahlina perang; lamun perang tara eleh.

Nagari naon atuh eta teh ? Taya lian ti Nagri Awangga, atanapi Angga. Ari nu
jeneng Rajana , teu aya sanes mung Basukarna atawa Karna atanapi Aradea.
Tapi ari dina pasamoan agung mah, sering disebat Raja Angga/Awangga Karna.

Naon nu jadi kaistimewaan ieu Basukarna ? Basukarna jadina Raja Awangga, estu
milik ragrag ti
 langit; cek babasan, teu ngimpi2 acan. Naon margi Karna tiasa janten
Raja? Ku margi waktos demonstrasi manah; Karna tiasa nyaruaan Arjuna; nepi ka
Duryodana muji2nya teh enya2; nepi ka langsung ngangkat dulur teh nya waktu 
harita.
NYa dipasihan Karajaan leutik tur werit, nya eta Awangga; tapi di na cepengan 
Karna,
Awangga jadi makmur; utamana rakyatna, lantaran Karna mah tara pisan mentingkeun
dirina pribadi; asal batur senang; najan harta naon wae dipasihkeun. Nu mawi 
rakyat
nya kacida sarenangna boga Raja Karna teh. Tapi ti na sakitu alusna kalakuan 
Karna
kudu we aya cacadna.

Naon cacadna Karna ? Nya eta embung eleh ku sasaha, jeung ngarasa asa aing
pangjagona manah, kapungkur kantos bade guguru ka Resi Drona, tapi ditolak
lantaran Drona tos jangji ngan ukur bade ngajar ka para Putra Pangagung wungkul.
Harita Karna langsung nyindiran Resi Drona, ari Aswatama anak gegeden ?
Terus Karna sumpah:"Eh Resi Drona,
 tungguan ku sampeyan, Kula bakal neangan 
Guru nu leuwih alus ti sampeyan; engke murid kameumeut sampeyan bakal jadi 
musuh Kaula, jeung bakal dielehkeun ku Kaula.

Pendak sareng Resi Parasurama, anjeunna nyamar janten Brahmana; tapi akhirna
katohyan, dugi ka disupata ku Parasurama; yen isuk jaganing geto; di na waktu 
nu nangtukeun pisan, Karana bakal hilap ka na jangjawokan aji Bramastra,

Hanca



      

    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke