awas mun ambu awas.............hehehehe
tapi "kejutan" dugi ka aayeuna peret keneh tuh. Hahahaha
si nu boga pajang badagna malah ngeheureutan meureun. Hahahaha
asal ulah nepi ka ngeluk we lah. Hahahaha

--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
>
> sagala rupa ge nu anyar mah sok karasa teu umum.
> lila-lila, mun geus biasa nu pered jadi logor, nu heureut jadi manjangan.
> sapatu anyar karasa pered, geus dipake sabulan mah ngeunah we.
> 
> jadi lebah dieu mah gumantung karep, erek atawa moal, hayang atawa henteu.
> perlu atawa henteu.
> nya patokanana nu paling gampang logis atawa henteu mun coklat disundakeun
> kondang.
> 
> 2010/8/8 Abbas <abas_ami...@...>
> 
> > Bisa wae, NGAN...............Teu UMUM
> >
> > --- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <khs579@> wrote:
> > >
> > > 2010/8/7 Abbas <abas_amin08@>
> > >
> > > > Warna di na Basa Sunda araneh oge. Model coklat kadang kala
> > > > disebut KOPI. arang mah jelas oranye na.
> > > >
> > >
> > > kelir "coklat" mun hayang disundakeun bisa milih kecap "kondang".
> > > lembur uing sisi situ, mun isuk-isuk bari moyan sok remen manggih
> > > manuk "kokondangan". eta sakadang manuk teh kelirna persis jigaat
> > > nu dimaksud jeung kelir "coklat" tea. mun noongan literatur ceuk
> > > beja aya tangkal kai nu buahna leutik sagede buah kai kiara. ieu buah
> > > kai teh cenah disebutna buah kondang, kelirna nya jiga kelir manuk
> > > kokondangan tea.
> > >
> > > mun nitenan gumelarna kecap nu dijieun ku manusa, utamana nu pakait
> > > jeung kelir biasana diaranan kucara analogi jeung kelir tutuwuhan atawa
> > > sasatoan. sakadar conto misalna, aya kelir hejo pucuk cau, hejo tai kuda,
> > > jeung sajabana. urang malayu mah nyebut hejo tai kuda teh, hejo tai
> > > anjing cenah. nu matak asana teu salah, mun hayang boga kecap basa sunda
> > > keur kelir "coklat" urang milih kecap "kondang"
> > > -mh-
> > >
> >
> >
> >
> >
> > ------------------------------------
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
>


Kirim email ke