Kang Maman, Nuhun pamairanana jeung neda hampura, waleran kana sababaraha patarosan salira ngeunaan Atlantis jeung sabudeureunana nembe kagarap dinen ieu. Muga-muga wae teu matak ngurangan ajen ieu diskusi.
1. Mataholangna mah nya urang sarerea teh "semah" di ieu dunya teh, semah alias anu keur ngumbara, boh di Sundaland atawa di Sunda ayeuna, sanes kitu? :) Ngeunaan ras mana anu pangheulana nyicingan Sundaland, satarabasna, si kuring oge henteu terang. Aya kamungkinan, ras Negroid anu ayeuna nyicingan Papua (asana aya istilah khusus, lain "negroid") teh nya gelombang kahiji, Out of Afrika tea anu daratangna ka Sundaland memeh ngabeledugna gunung Toba (purba) anu sesana ayeuna jadi talaga (kaldera) Toba, kl 80.000 taun ka tukang. Upama kamungkinan ieu bener, nya maranehanana anu kadeseh ku pangeusi Sundaland entragan beh dieu, anu mekar dina periode satutasna letusan katastrofis gunungapi Toba. Tapi aya kamungkinan sejen patali jeung realitas sesa-sesa (fossil jsb) kahirupan manusa di wewengkon Flores jeung sabudeureunana (NTT). Hal ieu, dina pajemuhan jeung Oppenheimer harita, ditegeskeun oge ku Oppenheimer (harita teh di museum geologi, da Oppenheimer menta dianteur ningalian museum geologi). Ceuk anjeunna, aya kamungkinan antara Flores jeung Afrika teh nya silih pangaruhan ngeunaan asal-usul manusa. Maksudna, dina mangsa jutaan taun harita, kl 1-2 juta taun kaliwat, nya kalan-kalan ti Afrika daratang ka wilayah urang (Indonesia), kalan-kalan ti wilayah urang ngajugjug ka Afrika. Ngan, kamekaran masing-masing ieu indung ras-ras jelema teu sarua di masing-masing wewengkon. Gumantung kaayaan lingkunganana, tegesna: sumber-sumber alam keur lumangsungna kahirupan. Upama nengetan fossil Hobit, si manusa Flores, katangen yen perkembangana jadi ngaleutikan ras manusa teh. Karana sakitu, salah saurang ahli ti Amerika nyebutkeun yen di kawasan Flores jeung sabudeureunana aya perkembangan tibalik antara mamalia jeung reftil anu mana mamalia jadi ngaleutikan. Contona dina hal gajah anu jadi gajah leutik atawa stegodon tea oge kasus Homo sapiens jadi Hobit (ngan asa teu tega nya manusa disaruakeun jeung mamalia sejenna mah). Sedengkeun reptilna jadi ngabadagan, upamana: kadal jadi komodo. Oppenheimer masih neundeun teka-teki kana pasoalan ieu, nya kaasup soal "negroid" anu di Papua ceuk kuring mah, sarua masih rada misteri (hehehe, mending ngawih lagu "Sajojo" wae ah, resep ku dinamis tarianana). Mungkin dina hal tarian oge aya evolusi. Ceuk sakaol, tari-tarian di Nusantara teh ti kulon ka wetan rada beda perkembangana. Di kulon, upamana Aceh. Batak jeung Padang, rada ngagegedekeun gerak leungeun. Ka beh tengah, upamana Sunda jeung Jawa, rada saimbang antara gerak leungeun jeung sampean teh. Tah di Papua mah cenah tarian teh geus robah jadi loba gerak sampean anu siga jejeretean :) selingan wae ieu mah. 2. Perkara kawasan batugamping atawa batu kapur atawa karst Citatah mah eta sajarah pembentukanana rada beh ditu pisan, nyaan beh ditu ceuk geologi, lain jore-jore, kl 20 juta nepi ka 17 juta taun katukang (lahuta pisan nya geologi mah, umur jutaan taun ka tukang wae diuruskeun). Timana urang terang umur ieu? Nya tina hewan-hewan laut anu ayeuna geus jadi batu, anu sok katingal ting arundat dina marmer anu asalna tina eta batu kapur. Urang geologi nyebutna: fosil foraminefera. Dina geologi geus aya index: lamun kapanggih fosil anu kieu, nya sakieu umurna, jst. Mangsa harita, 20 juta taun ka tukang (tk) memang basisir kaler Pulo Jawa di lebah Tatar Sunda ayeuna tempatna aya di Pangalengan anu lalaunan terus ngageser ka kaler, diantarana kungsi nempatan lebah Citatah. Nya ieu oge dumasar fakta jaman ayeuna yen batu kapur teh dibentukna atawa mekarna pasti di lingkungan laut (Conto jaman kiwari: terumbu karang di Teluk Jakarta atawa di pantai Bunaken, eta cikal bakal batukapur siga Citatah ayeuna dina mangsa ...jutaan taun ka hareup mun dunya ajeg keneh). Memang dina geologi kawentar adagium "the present is the key to the past" (oge konci pikahareupeun, lin?) Laju, sanggeus eta basisir terus ngageser ka kaler, panggung kahirupan lebah patengahan priangan mimiti nyieun kawasan anu engkena jadi talaga purba Bandung dina mangsa jutaan tk nepi ka sababaraha rebu tk. Lebah dieu, nya upama bener Atlantis aya di Sundaland, harita di daratan beulah kidul Atlantis aya talaga anu sakitu endahna. Meureun, sabagean bangsa Atlantis aya anu arunggah ka basisir-basisir ieu talaga (hehehe, ngawawaas sorangan wae) Kajadiana talaga purba Bandung pakait jeung Gn. Sunda purba anu geus aya nalika basisir kaler di Citatah. Bisa jadi, Gn Sunda harita siga Gunung Rakata (Krakatau) ayeuna: hiji gunung anu dikurilingan ku laut kalawan Citatah salaku salah sahiji basisirna dipinuhan ku batu karang calon batu kapur. Pon kitu deui, batu kapur di Pangandaran jeung tempat sejenna, sakumaha umumna batu kapur sejenna, dibentuk dina kala Miosen, nya mangsa 20 jutaan tk tea. Balik deui ka talaga Bandung purba, lila-lila eta talaga teh saat. Tapi, saatna henteu terus jadi daratan. Kungsi sababaraha kali dina mangsa jutaan tk eta talaga teh bolak-balik, sakapeung caian, sakpeung dangdangrat malah jadi daratan pisan (aya 6 periode caian-daratan ieu), anu dipungkas ku jadi daratan saterusna nepi ka ayeuna. Saterasna mah mangga wae tataros ka mbah google, jalaran tos seueur pisan sumber-sumber warta ngeunaan sajarah talaga purba Bandung, boh anu sifatna populer sakumaha dihandap ieu: http://era90.blogspot.com/2010/03/sejarah-bandung-purba-dan-danau-bandung.html http://www.kaskus.us/showthread.php?t=4900179 http://www.forumkami.com/forum/pariwisata/13203-sejarah-danau-bandung.html Atawa anu sifatna ngilmiah-tehnis, tos pabalatak pisan (hehehe, tangtu wae kang Maman oge tos lalayaran dina leresan ieu mah. Nuhun parantos ngajengkeun patarosan-patarosan, jadi wae abdi oge mukaan deui sababaraha sumber rujukan). 3. Ngeunaan patarosan katilu, yen boa-boa urang Sundaland teh anu ayeuna nempatan wewengkon Indonesia - kalebet ayeuna urang kalawan asumsi urang sadaya anu gelar ayeuna teh katurunan manusa Atlantis - kalebet KW 1 alias panyesaan, mangga, nyanggakeun wae eta mah. Upamana wae conto, nalika mukaan salah sahiji koran di Bandung 2-3 poe ka tukang anu ngawartakeun kaayaan di Jawa Barat, enya hate teh rade cop kana pamadegan yen urang teh panyesaan alias lain KW 1. Dina eta salah sahiji koran, di kaca panghareupna pisan, aya 3 judul warta anu sakabehna matak sedih nuduhkeun kaayaan urang. Anu kahiji, warta yen Jabar teh nomor dua pangluhurna dina urusan lobana korupsi anggaran (ngan kaelehkeun ku Sumut). Warta kadua, ngabejakeun yen para anggota DPRD Jabar leuwh loba ngagunakeun internet pikeun noongan situs-situs porno nepi ka internetna dicabut. Sedeng anu katilu, ngawartakeun kasus trafficking anu kaalaman ku salah saurang wanoja asal...Garut, kalunta-lunta di Tarakan, meh rek dijual...untung wae bisa balik deui. Sedih pisan, enya sugan urang teh lain KW 1? Tapi, nilik sajarah kontemporer, loba oge laku hade anu dimimitian atawa anu Tatar Sunda jadi medanna. Upamana wae, dina perjuangan kamerdekaan, pasukan divisi Siliwangi anu kawentar, oge kabehdieunakeun dina mangsa reformasi, urang jeung Tatar Sunda geus mampu ngajaga katengtreman bangsa. Upama mariksaan warta-warta anu akhir ieu, ngarongheap deui tanaga jeung kayakinan yen urang teh aya harepan jadi bangsa - dina henteuna KW 1 - nya deukeut kana KW 1. Sigana, kumaha urangna wae dina berjuang ngalawan sagala rupa tantangan, boh alam atawa kahirupan. KW 1 memang perlu diperjuangkeun, oge potensial dihontal ku bangsa mana wae. Cag heula kang. manar 2010/7/31 Maman Gantra <mamangantra2...@yahoo.com> > > Kang Oman, > Hatur nuhun pisan kintunannana. Tegep informasina, sareng matak pogot > maosna. > > Tina sawatara informasi nu katampi, aya sawatara hal nu abdi teu acan jelas > -- pakait sareng sajarah geologi oge sajarah ras malayu nu ayeuna ngeusian > Sundaland, hususna Tatar Sunda: > > 1. Di luar informasi Oppenheimer (oge Prof.Santos), urang oge mendak > informasi nu nyebatkeun yen nu baheula ngageugeuh Sundaland teh sanes ras > Malayu. Nanging, negroid -- nu ayeuna nyaricingan Papua sareng Ustrali. > Kahemeng abdi: Naha ras negroid tadi kalebet pangeusi Sundaland atanapi > Atlantis bihari? Atanapi sakumaha urang kiwari, maranehna ge kadar semah nu > ngadon ngeusian sesa Sundaland -- nu engke kadeseh ka beh wetan alatan aya > migrasi masif ti palih kaler (ras melayu-mongol)? (Beh dituna, ngindung ka > spekulasi Prof.Santos, satemenna, ras malayu-mongol nu ayeuna ngeusian > Sundaland teh taya lian bangsa nu mulih pakandangan? Baheula caricing di > Sundaland, mangsa Atlantix tumpur, migrasi ka kaler, ka beh dieunakeun -- > duka zaman naon -- baralik deui ka sesa Atlantis/Sundaland. Bari ngadaseh > karuhun urang Papua sareng Aborigin). > > 2. Ieu mah, sigana mutlak otoritas Kang Oman kangge ngawalerna -- pakait > sareng kaweruh geologi: Kakait Sundaland/Atlantis sareng Citatah? Danau > Bandung Purba, Pangandaran, oge Purbalingga? Maksad sim kuring kumaha > prosesna, sareng iraha-irahana, tug dugi kondisina sapertos kiwari? (Sim > kuring kantos mireng, yen di zaman bihari, basisir Samudra Indonesia teh > sanes Pangandaran. Nanging, lebah Citatah ayeuna. Kadieunakeun eta laut > saat. Tapi, masih keneh nyesakeun situ badag nu remen disebut Situ Bandung > -- di mana Dago, Citatah, sareng Pangalengan janten sisi-sisina -- nu oge > sok dikaitkeun sareng situ nu dibendung Sang Kuriang). > > 3. Mun nilik kana pamendak Prof. Santos sareng Oppenheimer, yen Atlantis > puseur peradaban dunya oge jadi meltingpot aneka ras di zaman bihari, bari > urang percaya ras malayu-mongol satemenna teu kabeh ingkah ti > Atlantis/Sundaland : Tetela nu nyicingan sesa Atlantis/Sundaland kiwari teh > bangsa panyesaan tina bangsa Atlantis nu nanjeur sareng digdaya. Kituna teh, > matak disebat panyesaan, alatan ieu urang Atlantis teh sanes kalebet > Atlantis/Sundaland KW 1. Tapi, duka KW sabaraha, nu pamalesan, borangan, > cupet/heureut pikir, gampang ambek, pendendam, sjte, nu intina mah "bangsa > pecundang" alias The Looser tea. Buktina, iwal ti bangsa nu ngadon > ngareusian banua Afrika, urang Atlantis nu lian mah bisa nanjeur. Bisa > ngawangun peradaban nu dugi kiwari diangken kaluhungannana (Cina, Maya, > Mesir, Arab, oge Viking-Yunani/Barat). Malah sawareh mah nyekel supermasi > dina kahirupan peradaban manusa kiwari. > > Tangtos bae, poin ka 4 mah kadar ngacapruk. Hehehe... > > Baktos ka sadayana. Wilujeng Sya'ban, wilujeng tatan-tatan mapag salaksa > purnama. > > MGT > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > > --- On *Sat, 7/31/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com>* wrote: > > > From: oman abdurahman <omana...@gmail.com> > Subject: Oppenheimer jeung "Out of Sunda" > To: kisu...@yahoogroups.com > Cc: "urang sunda" <urangsunda@yahoogroups.com>, " > baraya_su...@yahoogroups.com" <baraya_su...@yahoogroups.com>, > "milis_tasik" <ta...@yahoogroups.com> > Date: Saturday, July 31, 2010, 9:38 AM > > Baraya, > > Kaparengkeun poe Kemis kamarina, si kuring ditepungkeun jeung Oppenheimer, > pangarang buku "Eden in the East" tea. Satemenna, anjeunna teh hiji dokter > spesialis anak, tapi boga hobi resep nalungtik jeung nulis soal arkeologi > jeung sajarah pembentukan bangsa-bangsa (peopling and developing of > humankind). Salah sahiji bukuna, "Eden in the East" (EitE) tea rek > ditarjamahkeun ku penerbit Ufuk, ngalengkepan terjemahan buku anu sawangun > anu ayeuna geus beredar, karangan Prof Santos: "Atlantis, the Lost Continent > Finally Found" (singgetna sebut wae buku "Atlantis"). > > Memang, sajatina, pertemuan Kemis kamari teh ku alpukahna kang Taufik ti > penerbit Ufuk dina raraga nerjemahkeun jeung nerbitkeun buku EitE. Tapi, di > sagigireuh urusan binsnis kang Taufik jeung Oppenheimer eta, aya maksud > sejen pajemuhan leutik Kemis kamari, nyaeta ngalalanyahan mr Oppenheimer > sangkan kersa janten salah saurang narasumber dina hiji acara seminar > ngeunaan hubungan alam jeung kabudayaan di wewengkon anu sacara geografis > disebut "Sundaland". Rencanana mah eta seminar teh baris digelar dina > katompernakeun bulan Oktober taun ieu. > > Aya 3 perkara anu keur kuring mangrupa informasi anyar ti juragan > Oppenheimer kamarina. Kahiji, pasoalan wewengkon Sundaland anu mangrupakeun > sumber kadua penyebaran manusa di ieu jagat. Sumber kahiji, sakumaha geus > jadi cecekelan para paleontolog oge antropolog jeung arkeolog, nya ti Afrika > tea anu kawentar disebut "Out of Africa". Sumebarna cikal-cikal Homo sapiens > atawa manusa jaman ayeuna ieu ti Afrika teu laju ku sabab kapegat ku > kajadian ngabeledugna Gunungapi Toba (purba) anu sesana ayeuna mangrupa > Danau atawa Talaga Toba di Sumatera Utara, anu ceuk geologi mah memang eta > talaga teh taya lian ti kaldera hiji gunungapi, kl 80.000 taun kaliwat (tk). > [kaldera: sesa kawah gede hiji gunungapi badag, tempat awak eta gunung > ambruk jeung titeuleum akibat bituna]. > > >