saterasna  mana

2010/8/12 Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>

>
>
> Di hiji paleuweungan nu gerot , kacida weritna aya Butha awewe nu sok
> ngayakeun upacara korban; unggal taun kudu aya hiji jelema jadi korban
> keur eta upacara tea. Manehna ngan ukur hirup paduduaan jeung anakna
> lalaki.
>
> Eta budak lalaki teh kacida nurutna ka na sagala parentah jeung papatah
> ibuna; tara pisan sakli ge ngabantah ka na kapalay ibuna.
> Harita eta pamuda teh geus aya meureun 18 atawa 19 taun umurna teh.
> Eta Pamuda Butha teh tara indit2aqn lamun teu ditith mah ku ibuna;
> lantaran cenah bisi sieuneun manusa.
>
> Nya kaluarna teh sataun sakali tea wae. NGan enya ge menta nyawa batur;
> tada teuing sopanna eta pamuda Butha teh; teu weleh sopan ; terus menta
> kaihlasanana; bari terus mun bisa mere panukeur ku misalna emas inten jste
>
> Tah taun ieu oge manehna teh keur nyegat hiji rombongan; hiji bapa geus
> kolot'
> terus hiji indung kolot oge; dituturkeun anak2na aya genepan.
> Eeeeh urang Desa; DEsa mana jeung rek kama andika sakabeh ?!"
> Eta hiji pananya nya tarik nya angker; ampir2 ieu nu dalapan urang
> ngajarugkel
> ku kaget2na. Barang ningal; leuwih kaget deui sabab aya butha
> ngajungkiring.
> Terus we nu 8 jelema teh nyembah2; jeung nyebutkeun tujuanana.
>
> "Eh andika, sadayana; kabeneran Kaula panggih jeug sampeyen, anggap wae
> sampeyan teh keur apes; Kula menta salah sahiji anak sampeyan nu mana wae,
> pikeun sasajen Kangjeng Ibu. Lamun ngalawan tangtu sakabehna bakal cilaka.
> Tapi mun mikeun; Kaula bakal mere MUTIARA keur nukeur nyawa anak sampeyan."
>
> Atuh der we nu dalapan jelema teh rawah riwih careurik; tapi ti batan paeh
> kabeh
> mending sawareh; tapi saha ? Anak nu genepa silih tuduh, bari careureik;
> keur
> kitu Jol hiji Jelema Jangkung Badag ; sembada ngandung komara.
>
> Barang ningal nu careurik, jeung Butha Pamuda nu keur nungguan nu ceurik;
> terus we eta jelema jangkung badak teh nyarios:"Weeeeh Butha; sok we Kula
> yeuh bawa ka Indung sampeyan; sok Kaula daek diwadalkeun !"
>
> Eta Butha Pamuda teh semu heran ; pok nyarita:"Jadi sampeyan daek
> ngagantian
> eta kulawarga nu dalapan ?"
>
> "Enya, "si jalma gagah ngomong heureut pisan.
> "Oh, arang langka aya jelema nu kitu. Hayu atuh milu jeung Kaula."
>
> "Jung ti heula Kaula nuturkeun."
>
>  "Naha teu dipanggul we ku Kaula ngarah gancang tepi."
>
> "Ah teu kudu; sok we tiheula da moal katinggaleun Kaula; jeung
> lamun Kula niat kabur; sampeyan can tangtu bisa neangan Kula."
>
> "NYa atuh teu nanaon ari kitu mah. Hayu tuturkeun Kaula."
>
> Teu sabaraha lilana; eta Butha teh nepi k hiji guha, nu diatur diendah
> endah,
> nepi ka pantes dijadikeun imah nu agreng.
>
> "Kanjeng Ibu, ieu Kaula tos ngabantung kanggo wadal tea."
> Bari enggal eta Pamuda Butha teh nuyun Si Gagah kalebet supados
> nepangan ibuna. Barang dibuka jerit teh eta nu disebat Ibuna ngajerit.
> Teras eta butha awewe teh nyembah2 menta ampun ka si Gagah.
> Si Pamuda teh ngahuleng we; barang bade naroskeun, enggal si Ibu
> nyentak ka eta Pamuda:" Anak ibu Gatotkacha ! Geuwat maneh nyembah;
> ieu teh Striya Panengah Pandawa nu gagah rongkah; bapa Hidep Bhima Sena."
>
> Atuh aya atoh, aya geumpeur Eta Pamuda Butha nu disebat GatotKacha teh,
> brek deku, cedok nyembah; mani syahdu pisan, teras nyarios ( diajar terus
> ku ibuna ):"Duuuh Ramaaa Aria Bhima, nu gagah rongkah, pujaan sadaya;
> ieu Putra sampeyan Gatotkacha ngahaturkeun sembah; mugya kersa ditampi."
>
> Bhima bingah galih oge ningal eta Gatotkaca; sareng bingah lantaran ayeuna
> Gatotkacha tos jadi pamuda; da waktos dikantunkeun kakara lahir.Tapi
> anjeunna
> panasaran enggal wae Gatotkacha dijambak rambutna; teras dialungkeun mani
> ti gegereleng.
>
> Atuh Hidimbi nangis bari ngahalang Bhima; tapi malah Hidimbi
> disuntrungkeun;
> teras Bhima ngalengkah ka payun nangkep ka Gatotkacha; sakali deui
> Gatotkacha
> di banting. Kaget Sang Gatotkacha; enggalna bae ngayakeun perlawanan,
> lantaran
> unggal poe ge dilatih kanuragan ku Hidimbi.
>
> Nyata Gatokacha Pamuda Utama; ngalurkeun kagagahanana; atuh rame nu jogol
> teh; nepi ka Bhima tiasa kasered ka banting ku Gatotkacha; barang bade di
> dengkek dihalangan ku Hidimbi bari ngabentak. Atuh Gatotkacha bari olojok
> nya
> teu wantuneun neraskeun gelutna, malah enggal nyembah :"Duh Bapa Kaula
> Bhima; Kaula menta hampura lantaran Kula wawanian ngalawan ka Bapa Bhima."
>
> "Hahahahaha ! Alus alu ! Enyaan maneh teh anak Kaula. Gatotkaca maneh
> meunang
> make ngaran ti Kula nyaeta Bhima Junior; alias BhimaPutra."
>
> Gatotkacha bingah panggalih, ti na tos diangken ku Ramana. Atuh nyembah
> deui
> sababaraha kali.
>
> HANCA
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke