Nami laguna sanes "Pahlawan Bangsa", namung, anu leres,  "Karatagan
Pahlawan". Ari rumapaka na mah leres. Salengkepna kieu:

Karatagan Pahlawan

"Teu honcewang, sumoreang, tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantang mulang, mun tekad tacan laksana
Berjoang keur lemah cai, lali rabi tur tega pati
Taya basa menta pamulang tarima,
Ihlas rido keur korban merdeka"

Sigana, lagu eta lain dicipta dina lalakon wayang. Ngan, laguna geus
nyampak, laju mindeng dibawakeun ku sinden atawa dalang pas dina waktuna
Gatotkaca manggung.

Saha anu terang saha anu nganggit eta lagu "Karatagan Pahlawan"? Mang Koko
kitu? cikan ka anu tos mendakan, wartosan abdi. Nuhun.

manar


2010/8/13 Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>

>
>
> Ti barang Revolusi Phisik taun 1945 ; Carios Wayang kacida Populerna waktu
> harita; bioskop teu acan seueur. Nepi ka nu nyipta lagu ge harita kabagean
> oge jataha. Utamana nya di na Wayang Golek.
>
> Model Lagu Pahlawan Bangsa, Upit Sarimanah, nu syairna kira2 kieu :
> teu honcewang, sumoreang, tekadna pahlawan bangsa.
> Cadu mundur pantang mulang, mun tekad tacan laksana,
> berjuang keur lemah cai, lali rabi tur tega pati;
> taya basa menta pamulang tarima,
> ihlas ridho keur KORBAN MERDEKA
>
> Tah ieu lagu teh, baheula bakal dihaleuangkeun ku sinden, di na waktuna
> TOKOH
> Gatot Kacha mimiti kaluar; atawa Gatotkacha perang .
> Tokoh Gatotkacha teh, di na taun 1960an mah dianggap keur ngagambarkeun
> sagemblengna TENTARA we.
> Nu matak akhirna PAREUM we. Panokohan teh. Da kapan teu sakabeh TANGTARA
> arihlas.Komo atuh ayeuna mah, sigana euweuh we nu ihlas teh.
>
> Jadi taun 2000mah ku sabab abad Milenium; pareun we tokoh Gatotkacha teh.
> Bareng jeung pareumna kaseniaan Wayang GOLEK !
>
> Komo atuh ayeuna mah, da di masyarakat kapan tos LEUNGIT tah TOKOH Gatot
> kacha
> teh; ayeuna mah rata2 tokoh nu MUNCUL teh nya model Sakuni Duryodhana;
> gambaran
> kasarakahan jelema.
>
> Duka kumaha; da Zaman harita mah, asal tokoh Gatotkacha kaluar pasti surak
> !
> Da kuring ge ujug2 ngarasa REUGREUG; mun keur lalajo wayang teh.
>
> Karasa memang TOKOH Gatotkacha teh HIRUP pisan.
>
>
>  
>

Kirim email ke