*Séntra Kebon Anggrék di Gunung Geulis*

http://www.balebat.com/

Sigana kawasan Gunung Geulis ka hareupna bakal leuwih “geulis” ku ayana
séntra kebon anggrék anu diwangun ku Perhimpunan Anggrék Indonésia (PAI).
Teu tanggung-tanggung, PAI nyieun kebon anggrék di Désa Gunung Geulis nu
kaasup Kecamatan Sukaraja Kabupatén Bogor ieu salega 12 héktar.

Kebon anggrék Gunung Geulis ieu geus diresmikeun ku pupuhu PAI Mufidah Jusuf
Kalla (5/8), jeung rencanana bakal jadi tempat keur ngabibitkeun sarta
ngabotolkeun tangkal anggrék nepi ka gede.
Ari keur ngamekarkeun kembang anggrékna mah baris diadegkeun kebon husus,
masih di Kecamatan Sukaraja kénéh nu legana sarua 12 héktar ogé.

Dipiharep, ku ayana kebon bibit anggrék ieu bisa nyumponan pangabutuh bibit
anggrek keur patani anggrék lokal. Salila ieu, lolobana mah bibit anggrék
téh diimpor ti Taiwan.

Numutkeun Mufidah Jusuf Kalla, di kebon anggrék ieu bisa dilakukeun
kawin-silang antara bibit-bibit anggrék boh nu aya di Indonésia, ogé bibit
beunang impor, sahingga dipiharep bisa ngahasilkeun bibit anggrék anyar nu
kualitasna alus.

Wilayah Gunung Geulis dipandang miboga iklim nu cocog keur tumuwuhna tangkal
anggrék nu kawéntar ku kaéndahan kembangna ieu. Lamun seug ka hareupna
Gunung Geulis tinekanan jadi séntra kebon anggrék, tinangtu bisa dijadikeun
tempat tujuan wisata. Hal ieu, tangtuna waé, bisa jadi pangrojong keur
program “visit Bogor” nu keur dirarancang ku Pamaréntah Daérah Kabupatén
Bogor. (Bal)


-- 
Majalah Balébat
Padépokan Riksa Sunda
Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27
Ciampéa - Bogor 16620
Telp.  08121112982
Surélék : maja...@balebat.com/majalah.bale...@gmail.com
http://balebat.com

Reply via email to