Oh Leres pisan Kang Suma; Ulupi mah Putrina Naga Kowara,
nu masihan cai tirta netra ka Arjuna.
Ari istri Bima mah nya eta Nagagini, putri Hyang Antaboga.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Sam Soemadipradja <sam_soemadipra...@...> 
wrote:
>
> upami teu lepat Ulupi, istri arjuna, ibuna irawan --- ptra naga kowara!
> ibuna Antareja mah Dewi Nagagini, putrana Hyang Ananataboga
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> Dari: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> Kepada: a....@...; Aldo Desatura ™ <hanja...@...>; 
> almas aprilana <almasarnyeapril...@...>; AMIN HIDAYAT 
> <amin_37b...@...>; astrajingga hendian <astrajingg...@...>; Dena d 
> <dena_dra...@...>; Deni Indra Kelana <lee_kel...@...>; Moch Dachman 
> Maman <maman.mochdach...@...>; Ii Sumirat <sumi...@...>; 
> irwanlastia...@...; junaedi mahlani <junaedi_mahl...@...>; Nandang 
> Kusnalaya <nandangkusnal...@...>; Ki Leuksa Sunda 
> <ki_leu...@...>; Mamat Rachmat <mrach...@...>; 
> maman...@...; kussury...@...; Gunawan Yusuf 
> <gunawanyusu...@...>; Nana Suwargana <nanaca...@...>
> Cc: kisunda <kisu...@yahoogroups.com>; urangsunda <urangsunda@yahoogroups.com>
> Terkirim: Kam, 2 September, 2010 15:36:47
> Judul: [Urang Sunda] Burisrawa kaedanan - 9
> 
>   
> Enggalna wae Antareja atanapi Antasena tos ngantunkeun Sapta Pertala; 
> mucunghul ti na lebet Bumi; teras mapay2 leuweung; nya saparantos asruk2
> an Antareja ningal aya Walungan; di na eta walungan teh aya rakit; ah moal
> salah deui ieu meureun rakit nu dimaksud ku eyang teh; tuh geuning katingal
> aya mayit istri. Kitu Antareja nyarios salebeting manahna.
> 
> Enggalna wae Antareja nyaketan eta rakit; katingal eta istri teh sanes mirupa
> mayit tapi siga nu nuju kulem. Ieu  meureun Bibi Sumbadra teh; keun ayeuna ku
> Kula bakal dikucuran cai Kahuripan. Barang raray Rara Sumbadra dikeceran ku 
> ci Kahuripan , Sang Dewi tanghi teras gigisik; kaget naha aya ditengah 
> walungan
> bari aya di na rakit; tambih kaget manahna margi aya hiji pamuda nu nuju 
> ngawaskeun ka anjeunna. Barang Sumbadra bade ngajerit; eta Pamuda teh 
> nyembah teras sasauran:" Nu Jeng Bibi Wara Sumbadra; mugia ulah kaget.
> Putra teh Putrana Rama Bima ; ari Ibu Ulupi; ayeuna bade sowan ka kanjeng
> Rama; tapi ningali aya istri diluhur rakit; Putra kalintang heranna; teras we 
> kadieu; saterasna ningali layon jeng Bibi; nya teras ku Putra dikucuran cai
> Kahuripan pamasihan ti eyang Antaboga."
> 
> "Oooooh jadi Bibi teh geus kungsi paeh ?.............aeh enya si Burisrawa rek
> nyilakakeun ka Bibi; kumaha sampeyan apal yen Bibi te Wara Sumbadra ?"
> 
> "Nun inggih, Eyang Antaboga tus uningaeun ka na kayaan Bibi.............."
> 
> Barang  nuju gunem catur kitu teu kanyahoan jelebot2 wae pameunteu Antareja
> aya nu ngagebugan mani asa dibentar gelap ku nyeri2na; tos kitu teh teu tata
> pasini Antasena digusur ka daratan; terus diperekpek teu eureun2. Atuh 
> Antasena
> kacida ripuhna; bari asa dibongohan; jeung eta teunggeulanana aya ku tarik 
> pisan,
> lir gelap saleser. Tapi Antareja teu manda kitu wae; bari amarah lajeng wae
> ngagurinjal ; pakupis terus aya oge nuasup tonjokanana ka dada nu nyerang.
> 
> "Hemmm............. duratmaka ! Tong sambat kaniaya sampeyan bakal cilaka
> ku tangan Kaula ! Ulah sambat kaniaya, moal aya ampunan , tuman ! Nepi ka
> Kaula disiksa ku kanjeng Rama. Tapi sampeyan kaasup kuat, tapi moal lila
> tangtu bakal diborogod ku Kaula".
> 
> Bari ngalawan Antasena lajeng ngandika:"Eh kurang ajar sampean, teu hujan teu 
> angin geus nyerang diri Kaula; meureun sampeyan nu rek nyilakakeun Kanjeng 
> Bibi 
> teh; masing sampeyan gagah oge; Kaula moal sieun  !"
> 
> Beletak2 deui Antareja ditonjokan; bari teras dilaklak dasar ku eta nu 
> nangkep 
> teh:
> "Eh nyata sampeyan digjaya; tapi moal kuat ngalawan Gatotkacha; Bima Putra !"
> 
> Kaget manahna Antareja; naha ieu musuh teh nyeutkeun Bima Putra ? piraku
> Bima Putra nyilakeun bibi Sumbadra onaman ? Bari nakis gebugan bari nyingcet
> nya sabagean mah keuna ka na rarayna; tapi ayeuna mah dikuat2 keun we;
> teras nyaur tarik:"Eh andika; sing asak sasar atuh ! Naha teu tata pasini 
> deui 
> jol2
> jekok2 ngagebugan Kaula ? Garong oge kapan sok ditanya heula ku Pulisi?
> Ari ieu jol2 nyerang we. cik eureun heula sakeudeung !"
> 
> "Hahahahaha, duratmaka ........... duratmaka.............. tong loba omong; 
> geus 
> teu 
> 
> kuat nya ngalawan Kaula ? Moal aya nu bisa ngalawan Gatostkacha, Purabaya,
> KancingJaya; Nrincing Wesi, BimaPutra mah. Hahahah"
> 
> "Bari jelebot2 aya kana duakalina raray Antareja katampiling ku Gatotkacha; da
> memang nu nangkep  Antareja teh nyatana Gatotkacha. Tadi anjeunna ningal
> aya pamuda nyampeurkeun Bibi Wara Sumbadra; atuh langsung teg wae; ah ieu
> tah geuning duratmaka teh; anu disaurkeun ku Ua Bhatara; eeh bisa 
> ngawaraskeun Kangjeng Bibi deuih.............   ah enya pasti ieu yeu 
> duratmakana;
> teu tata pasini Gatotkacha nyerang ka Antasena; bari teras digusur ka darat.
> 
> Hanca
>


Kirim email ke