Para wargi,

Hiji tulisan dina yahoo tembong jujur ngahargaan, tumarima, jeung ngaku kana
fungsi agama, khususna Islam. Eta warta oge atra - lamun arek
dihubung-hubungkeun - ngarupakeun pangaku kana thesisna kang Prof Ahmad
Mansur Suryanagara dina bukuna, "Api Sajarah", anu nyodorkeun peran penting
umat Islam dina ngawangun NKRI ieu. Eta warta / seratan tiasa ditoong di
dieu:
http://id.news.yahoo.com/kmps/20100908/tpl-terima-kasih-islam-81d2141.html

Wilujeng (mapag) boboran shiam 1 Syawal 1431 H, tina fitrah, balik deui kana
fitrah, hapunten samudaya kalepatan, mugia urang kenging barokah, rahmah
sareng magfirah dina sasih Ramadhan anu sakeudeung deui baris ninggalkeun
urang sadaya. Mugia ku kasilihna sasih shiam ku sasih sawal jeung saterusna
urang nyangking tujuan utama ngalakukeun shaum, nyaeta: pikeun syukuran
jeung ngagungkeun (ngageungkeun) ukur Alloh swt. Teu aya anu ageung atawa
teu aya anu leuwih penting iwal ti Alloh.

Syukur hartina ngamanfaatkeun sakabeh nikmat ti Gusti pikeun ibadah ka
anjeun-Na. Buahna ibadah - ceuk hiji katerangan - nyoko kana tilu hal: 1)
Nyibukkeun diri ku aib atawa kakurangan sorangan tinimbang nyibukkeun diri
ku nguruskeun kakurangan atawa aeb anu lian. Kukituna, dirina jadi sibuk ku
memener pagawean sorangananna jeung nambahan pangabdiana ka Pangeranna. 2)
henteu ngarasa mibanda atawa ngabogaan da sadayana oge hakekatna mah
kagungan Alloh, sakitu rupa nepi ka enteng dina ngalakukeun zakat, infak,
jeung amal jariyah atawa mere maweh atawa tutulung ka nu lian; 3) henteu
milu ngatur kana urusan Gusti Alloh sakitu rupa nepi ka dirina tawekal dina
nandangan cocoba, musibah atawa kailangan sarta toleran alias bisa
ngahargaan ka anu lian.

Ngagungkeun Pangeran, hartina: yen mumusuhan eta leutik, yen teu boga pakaya
eta leutik jadi henteu kudu korupsi, jeung sajabana pangabutuh anu nepi ka
ngorbankeun atawa nganggap teu aya panitenan ti Gusti eta sakabehna
satemenna leutik dibanding kaagungan Pangeran anu sakuduna dipikasieun.
Lamun sababaraha persen wae korupsi di Indonesia turun ti simet ayeuna ka
hareup, eta hartina puasa sacara sagemblengna masyarakat Indonesia geus
ngabuahkeun hasil.

manar

Kirim email ke