Rusuh-1
> >
> > Hiji jalma katempo rurusahan nawar beca.
> > Jalma: "Mang, Mang, ka Braha sabraga?" (maksudna,
> > sabaraha ka Braga)
> > Tk. Beca (teuing gehgeharan teuing ngaheuruyan):
> > "Sasle we atuh, Den, ulah gusung guruh kitu," jawabna
> > sarua pabeulit.
> >
> > Rusuh -2
> >
> > Hiji jalma nanya bari rusuh ka hiji Polantas, "Pa Pa
> > ari Jalan Oto Iskandardimana dinata?" Polantas:
> > ?????!!!!
> >
> > Rusuh -3
> > Hiji Jalama keur ngajigrig lumpat , ti tukangeunanan
> > aya Babah gorogorowokan, "Wangsa! wangsa!" cenah tarik
> > pisan, maksudna: Bangsat! Bangsat!"
> > Nu lain ngabejaan eta jelama: "Wangsa, Wangsa, itu si
> > babah ngageroan!"
> > Si Jelema bari terus lumpat sempet ngajawab: "Wios ah
> > rusuh," pokna.
> >
> > Rusuh-4
> > Si Jumro badega Haji Suhadma kakara balik ti kandang
> > munding gura giru lapor ka dununganana, ti luar keneh
> > geus langsung ngagentraan: "Juragan. Juragan munding
> > teh anakan juragan!!"
> > Haji Suhadma nyampeurkeun kaluar bari nanya:
> > "Anakan nyah Jumro, kumaha euy anakna teh munding?"
> > nanyana siga nu rada reuwas.
> > "Nya muhun atuh juragan tangtosna oge munding mah
> > anakna munding," jawab si Jumro.
> > Haji Suhadma (bari ngusap dada): "Heueuh, syukur..
> > syukur!" cenah.



                
---------------------------------
Yahoo! Sports
 Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke