Kang mh,
Kuring satuju oge kana usul 'ulah sieun ngagunakeun basa Sunda logat mana bae.'
Pan memang keur jaman diajar basa Sunda di sakola ge aya bab anu ngulas
wewengkon basa. Aya wewengkon cirebon, banten, tasik, rangkas, jeung rea-rea
deui.
Soal fear factor 'versi lautan cacing' nu dijadikeun conto... kuring mah
mendingan ngabayangkeun nu sanes bae. Hiji atawa dua cacing masih okelah keur
nguseup. Tapi lautan cacing mah ke heula. (komo hileud, leunyai, lentah atawa
kalajengking mah!) he he he...
Baheula pernah ningali dina tipi, duka dina acara naon, aya liputan loba jalma
ngalengkahan taneuh tilas dudurukan nu masih ngebul jeung aya reuhakan bari teu
disendal teu disapatu. Cenah asal urang ngabayangkeun 'leumpang dina hamparan
jukut hejo nu seger jeung sejuk,' taneuh tilas dudurukan teh moal karasa panas
waktu ditincak. Cenah...
Salam,
Agus ti NC
---------------------------------
Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!
[Non-text portions of this message have been removed]
Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/