Rampes,
 Haturan Teh Ika, wilujeng sumping di milist urangsunda/Kusnet.
 Nepangkeun sim kuring Oman Abdurahman, biasa di milist ngagunakeun sandi 
nami : manAR. 
 Dupi ieu teh Teh Ika anu waktos pajemuhan (seminar) pembangunan berbasis 
budaya tepang sareng sim kuring oge Abah Surya? Leuh kalintang bingahna 
upami leres teh Teh Ika anu nyepeng kalungguhan kalintang strategisna di 
Bapeda Jabar: urusan kabudayaan. Hatur nuhun atuh kersa ngiringan di milist 
Urangsunda.
 Baraya sadaya, 
 Bagja kumayangan urang sadaya, milist ieun anu biasa madungdengkeun perkara 
hirup-huripna kabudayaan Sunda ayeuna kasumpingan ku salah saurang anu 
nyepeng damel dina widang kabudayaan di Bapeda Jabar, nyatana Teh Ika tea. 
Mangga ayeuna mah naon rupa bangbaluh sareng usulan para wargi sadaya 
ngeunaan kahirupan budaya masyarakat Tatar Sunda anu dialungkeun ka milist 
Insya Alloh baris katampi oge janten bahan pangemut dulur-dulur urang anu 
nyepeng damel di Bapeda. Langsung dugi ka dapurna perencanaan pangwangunan 
di Jawa Barat, Insyab Alloh.
 Baktos,
manAR

 On 6/28/05, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Sampurasun.......
> Nepangkeun abdi ika, damel di bapeda jawa barat, jalan juanda nomor 287 
> bandung. kaleresan nyekel widang agama, pendidikan sareng kebudayaan. 
> Insya Allah bade ngiring rupa-rupa kagiatan kasundaan. Dinten Rebo sareng 
> kemis bade ngiring Kongres Basa Sunda di Subang. Mugi-mugi tiasa pendak 
> sareng baraya urang Sunda nu mikareueus budaya Sunda.
>  Salam,
> ika
> 
> ------------------------------
> Yahoo! Sports
> Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy 
> Football<http://pa.yahoo.com/*http://us.rd.yahoo.com/evt=33539/*http://football.fantasysports.yahoo.com?ovchn=YAH&ovcpn=Integration&ovcrn=Mail+footer&ovrfd=YAH&ovtac=AD+>
>  
> 
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
> 
> 
>  ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
> 
>    - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>" 
>    on the web.
>     - To unsubscribe from this group, send an email to:
>    [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>     - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. 
> 
> 
>  ------------------------------
>  
>


[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke