Kang Rahman, mani kabita pisan simkuring mah. Asa kumaha nya 
nganjrek di nagri deungeun? Tapi nu pasti kanggo abdi mah ngiring 
agul ketang. Tapi siang nuju kaleresan aya rerencangan pangangguran 
naroskeun cenah saha eta teh. Bari gegebegan sieun disebatkeun asa 
kahieuman bangkong -leres kitu?- atawa agul ku payung alus pok weh 
eta teh dulur kami nu ngumbara di walanda. Aya deui pangalaman 
sapertos kieu yeuh. Biasana mun nuju ngadu bako sareng 
rerencangan,kaleresan abdi nganggo BS sareng salasawiosna. Mun aya 
nu komplen (cik lah naon atuh larapannana complain teh?), sok 
diheureuyan : "Ilaing cicing di daerah Jawa Barat, wayahna we kudu 
bisa BS bisa keuna ku roaming." Teras deuih pun anak katut pamajikan 
ge di bumi ngahaja dibiasakeun nganggo BS bari didoktrin : "Piraku 
karek ge lunta ka Cikarang geus poho kana tatali karuhun. Tuh 
tingali Mang Ayip, dumuk di jepun tapi tetep nanjeurkeun BS. Ayeuna 
mah panginten ditambihan : Tuh anu di walanda oge........"
Simkuring ari mendakan milis sapertos kieu teh asa aya panglumpatan 
kanggo miceun karuwet pakulian. Matak ngahaja sok mulang teh rada 
elat, minangka kompensasi lost time alatan mukaan lalayaran dina 
website (hilap deui wae, padahal tadi siang tos kapendak larapan BS 
na teh)
Sakali deui hatur nuhun pisan, Kang.

Baktos,
Teja

--- In [email protected], Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya... wilujeng wayah naon bae lah...
> 
> Haturan Kang Teja sareng Kang Eko,
> 
> Wilujeng tepang sareng kuring, wasta Rahman kawit ti
> Sukabumi. Ngan tos lami jentul di Wassenaar, NL.
> Wilujeng sumping di milis BS.
> 
> Muhun Kang, sok asa cuang cieung dipangumbaraan teh.
> Bosen ngacapruk dina basa batur!!! Rek ngomong BS bet
> hese da euweuh batur, piraku kudu ngacapruk sorangan
> mah... bisi diasupkeun kana RSJ, apan riweuh he he he.
> 
> Eta pisan Kang anu ngadorong kuring nyieun ieu wahana
> teh, sangkan US di mana mendi bisa deui ngarahul dina
> BS. Kuring mah teu boga  pretensi anu luhung, (naon
> cenah disebutna 'ngamumulé' BS kitu?), tapi hayang
> make bae. Keun bae salah gramatikana oge, prung bae...
> asal kaharti ku batur. Lamun aya saeutik2eun kanyaho,
> nya urang silih simbeuhan bae... Kitu tah Kang!
> 
> Sok atuh Kang. Urang ngadurahul pagede2!!!
> 
> 
> 
> Baktos,
> 
> Rahman, Wassenaar/NL
> 
> 
>               
> ____________________________________________________
> Start your day with Yahoo! - make it your home page 
> http://www.yahoo.com/r/hs




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h6qbdbt/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705329729:TM/Y=YAHOO/EXP=1123772299/A=2896130/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>Give
 underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to 
life by funding a specific classroom project  
</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke