----- Original Message ----- From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]>; <[email protected]> Sent: Wednesday, August 31, 2005 7:20 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: [Urang Sunda] Re: Serabbb euy .....
> Kulantaran kuring kungsi > ngarasa jadi "minoritas" di tempat nu mayoritasna non-Muslim, ngarasakeun > kumaha teu ngeunahna jadi minoritas teh. Rek shalat jumaahan wae, kudu > kukurilingan neangan masjid teh. Haturan Kang Wly.... Asa inget mangsa anyaran datang ka Jepun.., jigana naon-naon anu anu kang Wly disaurkeun.. kusimkuringmah kaalaman pisan...beurat kacida harita ge...ngan dua fikiran harita dibalikeun atawa henteu... Ngarasa sedih pisan.., hirup dilingkungan anu memang jauh tibatur.. rasa curiga, sinis jeung sajabana karasa pisan...loba pisan batur gawe( da kabeh teh urang jepun harita mah ).. kabeh jiga anu boga rasa curiga jeung sinis atawa naon boa.. Dina meeting kuring mindeng nyelang solat heula...basa ngamimitian mah kabeh jiga nu kaget kuring interupsi teh..menta waktu 10menit rek solat... sarta nanya apan ayeunamah geur gawe naha kudu solat ayeuna ..cenah..jeung loba-loba deui. sapoe dua poe, saminggu dua minggu...nya ahirna biasa...ayeuna bersyukur..kabeh nyaho yen setiawan teh urang indonesia jeung muslim..lumayan diakui...lamun keur meeting pas waktuna sok nanya heula..enmggeus atawa encanna... Simkuring sok ngahaja jadwal solat teh dipajang dina meja kiriman ti islamic centre..Indonesia.. ( jadwal sadunya pan aya lin ). Nukarunya mah pamajikan, da make kurudung atuh..nya lumayan pas datangmah.. euweuh nu ngajak ngomong..kabeh rada jauh teuing sieuneun teuing kunaon.. nepi ka hayang balik buru-buru..ngan alhamdulilah ayeunamah diakui.. malah jadi loba baturna....hanjakal teubisa nulisna kumaha ngarasa sedihna..bener-bener dikucilkeun teh karasa lain minoritas deui ieumah meureun minus minoritas..istilanamah tahun kahiji keur munggaran mah bener2 ujian keur kahirupan...., lamun tea urang ngilu manehna sikap jeung cara hirup urang teu kawengku ku dasar2 hirup nya manehna biasa wae..., tapi ayeuna karasa aya rasa haraga diri anu leuwih yen urang bisa nunjukeun sok sanajan digawe kieu atawa campur gaul jeung nukararitu..masih bisa tetap kana patokan... Matak jadi tibalik ayeuna..rek balik teh hese...boga atasan sok loba nanya..naha teubetah naha kunaon..jeung sajabana.. Tah kitu Kang Wly...simkuring mah tos ngaraos pisan kumaha sedihna ( keur diledek atawa diceceleh ) tapi ayeuna nunyeceleh jeung ngaledek teh..balikhornat sarta hade kakulawarga kabeh. Cag..wasallam Setiawan Kwgoe ----- Original Message ----- From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]>; <[email protected]> Sent: Wednesday, August 31, 2005 7:20 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: [Urang Sunda] Re: Serabbb euy ..... > Kulantaran kuring kungsi > ngarasa jadi "minoritas" di tempat nu mayoritasna non-Muslim, ngarasakeun > kumaha teu ngeunahna jadi minoritas teh. Rek shalat jumaahan wae, kudu > kukurilingan neangan masjid teh. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
