Haturan sadayana,
Ngiringan ah....
Sanggeus rame2 kajadian di Parung kuring kungsi nyelang heula ka 
lembur di Garut, kabeneran loba keneh kantong-kantong 
aliran 'fanatis' (ngan henteu we ari fundamentalis mah). Boro2 
urusan aliran sesat, pan geuning basa pemilu oge mun benderana beda 
teh sok kabawa haraneut. Aya sobat dalit nu kapeto disarebut ustad 
nu ngahaja nyampeurkeun ka saung kolot kuring. Hariweusweus 
nanya ; "Kumaha ieu teh atuh? Uing pada mentog pedah teu pipilueun 
ngaenyakeun, jajauheun kana miluan Front nanahaon tea geuning." 
Kuring teu pati teges jawaban anu siga kumaha anu diarepkeun ku 
inyana teh. Da apaleun ti keur jaman sakola ge kuring mah lain 
kaasup kaum 'sarungan'. Mindeng pada nyindiran mun kabeneran milu 
rotinan pangaosan pamuda ge. Nyeta tina palebah teu disarung tea. 
Jadi meureun -ieu mah ceuk kuring we nu bodo ketang- aya pakuat 
kaitna jeung 'kedewasaan' pola pikir masarakat. 
Da bongan ditabeuh, nya maksakeun we disada. Kira2 harita ngajawab 
teh ; Mun teu salah, mindeng dibahas konsep "Islam sbg Rahmatan 
lil 'Alamin". Pangnanyakeun deui we ka maranehna ari anu dipilampah 
siga kitu rahmatan henteu. Mun jawabana yakin enya, hayu urang 
babarengan ngakalakeun si 'ahmad' tea. Lamun henteu, pangbejakeun 
atuh ka sarerea. Sosialisai tea meureun.
Ngimeutan pangalaman Kang Setiawan, anu kahontal ku alam pikiran 
kuring mah geus ngaharib-harib kan rahmatan lil alamin. Kadar eta 
cenah nyiar kasabna lain di nagara muslim, ah apan sarua keneh bumi 
ciciptan Allah. Allohu Robbi wa Robbukum. Baheula kungsi kagunturan 
madu dititah guguru bagbagan permobilan di nagri kangguru (haturan 
kang DD; G'Day mate! Teu maceuh teuing panginten ayeuna mah ONE 
NATION si Pauline Hanson teh nya?). Abong bolon keneh; Nelepun ka 
amang guru di RI pedah sami siga kang STW asa heureut mun dek solat 
teh.  Ceuk anjeuna : "Hayang jihad lin? Teu kudu ripuh, solat we 
sing bener teu kudu ringrang, pan loba ruhsoh. Ke ge batur arapaleun 
yen Islam teh moderat, bisa nagen dimana wae jeung iraha wae.
Pokona mah, hidup kang Stw, hidup kang Wly!!! Buat spy mereka yg 
serab kepada kita, okeh !!! (aya pesan sponsor : HIDUP PERSIB!!!)

Kum ka sadayana, bobo sapanon carang sapakan, neda agung cukup 
lumur, neda jembar hapuntenna. 

Baktos,
Teja

=======================
Haturan Kang Wly....

Asa inget mangsa anyaran datang ka Jepun.., 
lain minoritas deui ieumah meureun minus minoritas..istilanamah 

Cag..wasallam
Setiawan Kwgoe
=====================================> 
From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Baraya_Sunda] Re: [Urang Sunda] Re: Serabbb euy .....
 
Kulantaran kuring kungsi ngarasa jadi "minoritas" di tempat nu 
mayoritasna non-Muslim, ngarasakeun kumaha teu ngeunahna jadi 
minoritas teh. Rek shalat jumaahan wae, kudu kukurilingan neangan 
masjid teh.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke