Assalamu'alaikum Wr. Wb. 
   
  Baraya dimana bae ayana. 
  Nitenan kaayaan bangsa urang ayeuna2 bet asa ku loba ku bancang pakewuh. 
Tsunami, bioterorism, korupsi, politik panas teu paruguh, katurug-turug ayeuna 
rame masalah kadaharan anu teu sehat jeung teu layak gara-gara para oknum anu 
teu tanggung jawab. Kasus formalin, borak, baso dagingna daging beurit, beu 
matak hayang utah kuring mah nempona jeung ngadengena. 
   
  Kajadian kasus formalin jeung anu ieu ngakibatkeun sektor UKM kagoyang oge. 
Sektor ekonomi riil kagoyang gara2 kaajadian hal ieu. Nya intina mah matak 
ngarugikeun balarea (konsumen jeung pihak produsen), anu antuk hal ieu bisa 
ngangganggu sabilitas ekonomi urang mun diantep kitu bae. 
   
  Kuring nempo anu "ribut" teh geuningan sigana pamarentah pusat wungkul 
(teuing kuring katinggaleun informasi teuing henteu), ari pamarentah daerahna 
mah sigana hare-hare we. Nya ieu mah kuring ngomong kitu teh pedah we pasa 
ngobrol2 jeung salah saiji pagawe di pemprov jabar we. Saur anjeuna, geuningan 
pamarentah urang (pemprov jabar) jiga anu "nundutan" ningal kaayaan siga kieu, 
ningal kasus anu merebak masalah formalin jeung anu sajenisna. 
  Padahal peran pamarentah salaku saiji stakeholder pembangunan ekonomi 
diperlukeun pisan dina hal ieu teh. 
   
  Dumasar kana hal eta, kumaha mun urang salaku masyarakat anu leuwih 
sepesifikna salaku urang KUSnet ngayakeun hiji gerakan atawa anu sajenisna anu 
tangtuna sakamampu urang. Usul simkuring kumaha mun sakabeh milis kasundaan 
atawa KUSnet nyieun SURAT PERNYATAAN anu dikirimkeun ka pamarentah pusat, 
pemprov jabar jeung pemkab/pemkota sa jabar + banten. Pan ieu bisa jadi 
salahsaiji ketak jeung kontribusi KUSnet pikeun masyarakat.
  Eusina siga kumaha eta surat pernyataan hayu urang sawalakeun babarengan. 
   
  Cag sakitu heula usul ti simkuring, mangga diantos respona.
   
  Hatur nuhun.
   
  Bisi teu aya nu ngarti basa sunda.
   
  Intinya begini, menghadapi merebaknya kasus-kasus formalin dan yang 
sejenisnya yang mengakibatkan terganggunya roda perekonomian sektor UKM, gimana 
kalo kita membuat sebuah gerakan yaitu membuat sebuah SURAT PERNYATAAN yang 
dikirimkan ke pihak yang terkait. SURAT PERNYATAAN ini mewakili kita selaku 
aktivis pemakai internet, he...he....
   
  Kurang lebih begitu usul saya. Terima kasih.
   
  Wassalamualaikum Wr. Wb.


              Baktos Ti Pribados, 
Runa Inawan - KUSnet

  http://inawan.blogs.friendster.com
  ::INSAN Gemilang GRAFIKAtex::
  Terima Pesanan : 
  ~ Pembuatan Tas Promosi, Tas Sekolah, Koper Haji, Reparasi, Tas Seminar, 
berbagai Tas
  ~ Berbagai Percetakan dan Sablon
  Mobile : 0818109410








__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam?  Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam  
http://id.mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke