kang Maman oge baraya sadaya, ngiringan ngacapruk ah :D (diajar nyaritakeun
pangalaman)

Nulis! hiji pagawean nu ceuk kuring hese pisan. Ti SD nepi keun ka SMA
paling teu bisa lamun dititah ngarang, karetas nu biasa disadiakeun nepi ka
dua lambar folio can pernah nepikeun ka pinuh ku tulisan, malahan meakeun
sakaca oge kudu usaha nu kawilang "rongkah" (heuy deuh *diperbuas* we ieu
mah). keur kuliah kitu deui, jarang pisan nyieun tulisan-tulisan, malahan
skripsi kuring ngan ukur sawelas halaman. bubuhan kuliah di jurusan nu ngan
ngurusan angka lain huruf He he he he...

Tapi ayeuna, pagawean nu ku kuring dianggap hese kapaksa kudu dilakonan.
Gawe di salah sahiji media cetak di jakarta nuntut kuring kudu bisa nulis
artikel. Mimitina kuring ukur nyadiakeun data keur nu rek nulis. Ngan ku
sabab jalema nu aya saeutik nya kapaksa kalayan dipaksa kuring kudu milu
nulis. Pangalaman mimiti nulis kacida "sangsarana". Inget keneh tulisan
mimiti  ngeunaan pilkada di irian jaya barat direngsekeun dina waktu ampir 2
minggu (batur gawe ngarengsekeun tulisanna ukur dina waktu 1-2 poe). bari
jeung hasilna goreng, basana diedit total, tulisan editan redaktur ukur
nyesakeun idena wungkul. Tapi lila ti lila rada lancar oge geuningan. enyaan
keur kuring sagala ge lamun kapaksa mah bisa :D najan angger can alus,
malahan teu goreng goreng acan.

***
ceuk nu ku kuring karasa jeung dirasa, lamun hayang bisa nulis sarat kahiji
mah niat, ditambahan ku kapaksa jeung dipaksa. Prung ah... narulis. hiji
deui najan lain sarat mutlak kudu loba "maca"! hal ieu karasa pisan ku
kuring nu tara maca. heu heu heu ngajar ngojay ka meri, ngajar gagauran ka
macan, ngajar senam ka vicky burky nya???

bakti diri,


dh

On 1/12/06, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Milis jeung Nulis
>
> Dina pangacaprukan-pangacaprukan ngeunaan milis saencanna kuring leuwih
> loba ngaguar mangpaat milis salaku media komunikasi. Kitu ge leuwih loba
> "ngomongkeun urang luar", pihak-pihak nu diasumsikeun atawa katohyan pisan
> teu nyaho atawa teu wanoh kana milis atawa internet. Tah, di dieu mah kuring
> hayang ngaguar mangpaat milis hususna, internet umumna, keur urang, nu geus
> aya di "jero". Utamana dina perkara nulis. Sanajan, teu pamohalan, ieu
> pangacaprukan teh taya bedana mapatahan Basa Inggris ka caroge Teh Lies
> atawa Teh Netty.
>
>
>


--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke