Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Saleresna rada sararieun rek nyerat ieu 
teh, ngan panasaran ari teu 
 tulas-tulis teh. >>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>


Kang Wly,

Sieun ku naon Kang? Ku "sikat"? he he he... Puguh hanjakal, loba pikagimireun 
di urang mah. Rada mikir saeutik... torojol tukang 'sikat' (najan teu diondang 
ge). Hayoh ngadon 'beberesih'. Teuing kunaon, eta tukang sikat teh ngarasa 
dirina pangbersihna meureun nya? Padahal da teu pira, sikat na ge 'sikat injuk' 
meunang nginjeum ti batur deuih! ;))

Perkara puncat peuncit tea.

Enya kitu Kang. Ibrahim teh moyang na bangsa Semit (Arab jeung Yahudi). Ti 
Ishat turun bangsa2 Yahudi, ti Ismail turun bangsa2 Arab. Tong poho, lolobana 
nabi anu turun teh apan Yahudi geuning (Sulaeman, Musa, Harun, Isa!). Ti beulah 
Arab mah ngan Muhammad wungkul!

Binih2 pasea dulur teh apan geus aya ti ditu keneh geuning. Leuwih jauh munur 
katukang, pasea sadulur apan geus dimimitian ku Kabil jeung Habil (lamun enya 
aya kitu oge!).

Balik kana masalah Ismail vs Ishak. Sabenerna mah kuring TEU percaya kana ideu 
yen Nabi Ibrahim TEGA rek meuncit budak na sorangan! Kade ulah diturutan nya, 
ieu mah ngan sakuringeun wungkul!! 

Mana aya hiji bapa anu tega rek maehan budak na? Kuring mah teu ngarti! Tong 
boro manusa, dalah hewan oge tara aya nu kabejakeun aya nu daekeun maehan 
budakna sorangan. Komo ieu mah pantar Nabi deuih! Teu ngarti kuring mah.

Ketah aya oge tradisi bangsa Maya, anu sok ngorbankeun manusa. Tapi biasana mah 
budak beulian, atawa tawanan anu dikorbankeunana teh. Aya oge hiji conto bapa 
anu ngorbankeun budakna (awewe). Anu ieu mah dina perang Troya (Yunani). 
Kacaturkeun apan Raja Agamemnon ngurbankeun putrina sangkan meunang anging keur 
armada na.

Ari ceuk kuring mah. Nabi Ibrahim lain sacerewelena REK ngurbankeun budak anu 
dipikaasihna (kuring mah moal rek ngamasalahkeun saha2na! Da hese rek 
ngabuktkeunana oge!). Ieu mah saukur amsal. Jeung deui, asa aneh dina pamikir 
kuring mah. Piraku pangeran mani TEGA menta korban manusa?

Cik aya ideu sejen? Ulah ideu teologi... tapi anu kahartieun ku sirah he he he. 
Sabab argumen teologi mah muter! 


Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL
                        
---------------------------------
Yahoo! Photos
 Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke