Si Bonar
Ambeh gampang, urang sebut bae Bonar. Kuring wawuh mangsa Habibie
manggung jadi Presiden. Manehna, salah sahiji "wartawan" nu
ngabantuan kuring nyieun hiji tabloid. Make tanda kutip teh, pedah
bae maranehna leuwih deukeut ka abal-abal manan wartawan dina harti
nu sabenerna. Nulis teu bisa, wawancara tara. Kartu pers jeung stiker
PWI we ngajegir sagede hihid na kaca mobilna.
Sanajan, husus si Bonar, kaweruhna ngeunaan dunya preman mah teu
bisa disapirakeun. Utamana nu nyoko atawa sabudeureun Kota jeung
Mangga Besar. Da, memang asal muasalna ti dinya. Malah, nepi ka
kiwari, mun butuh peta atawa kasangtukang jalma-jalma nu kasangkut
kasus BLBI, kuring sok mulungan kaweruh ti manehna. Lumayan. Paling
heunteu keur informasi awal.
Asalna mah, nya ti Medan. Budak Padangbulan. Taun 1982, kungsi
jadi petinju nasional. Jeung sawatara petinju senior, sarupaning
Sjamsul Anwar, manehna wanoh pisan. Teuing iraha-irahana mimiti matuh
di Jakarta teh. Ngan, ceuk carita jinisna, manehna langsung idek
liher di Kota jeung Mangga Besar. Lian ti jadi tukang kepruk teh, oge
sok dijadikeun kurir ku sawatara Cina Kota jeung Mangga Besar keur
setor ka sawatara pejabat. "Saya pernah bawa duit satu ransel ke
Ambon. Setor untuk perwira di Polda Ambon," ceuk manehna.
Atuh, manehna apal pisan saha bae pejabat di Mabes Polri nu kungsi
disakolakeun ku bosna. Si Anu Sespminna dibeayaan ku si Ieu, si Itu
PTIK-na diwaragadan ku si Eta. Malah, saha bae kapolres nu ulangtaun
anakna diayakeun di tengah laut ge manehna (siga nu) apal. "Kalau
orangnya belagu, ya kita garap keluarganya. Isterinya kita kasih
berlian, anaknya kita pestain di kapal pesiar...," ceuk manehna.
Ari ka kuring mani siga ka pangagung. Akang deui, akang deui. Bari
teu weleh nyebut "sumuhun" atawa "nuhun".
Tina kituna mah kaharti. Diheunteu-heunteu, kuring ti media
nu "gede" jeung "bonafid". Ayeuna daek gaul jeung "wartawan" siga
manehna. Atuh, manehna agul kacida. Asa dijelemakeun. Komo, sanggeus
manehna ku kuring diajak wawancara Pangdam jeung Kapolda mah. Meh
tiap ngariung jeung batur-baturna, eta pangalaman teh teu weleh
dipedar. Sanajan, tangtu bae, hormatna teh ngan saukur luarna. Jero-
jerona mah duka teh teuing.
Jeung deui, ngaku ka kuring teh pedah guruna urang Sunda pisan.
Urang Palabuan Ratu, urut dalang nu kungsi idekliher di Petak
Sembilan. Enya, eta budak teh resep guguru. Nya, keur mageran dirina
tina kadoreksaan batur -- meureun. Da hirupna teu leupas tinu
kararitu. Didoreksa atawa ngadoreksakeun. Tah, di antara guru-guru
kawedukan atawa guru spiritual nu geus didatangan ku manehna, nya
urang Palabuan Ratu eta nu paling cop jeung manehna. "Saya sudah ke
mana-mana, Kang. Tapi, tempat yang paling keramat dan guru yang
paling top itu ya di Sunda ini. Daerahnya Prabu Siliwangi," ceuk
manehna.
Sanajan lain muslim, dina harti teu maca sahadat jeung teu
disunatan, kana sarupaning wirid mah leket pisan. Sajadah, kopeah,
jeung tasbe teu weleh aya dina mobilna. Ceuk manehna, meh tiap
peuting ngadon wiridan. Ngamalkeun ajaran nu diturunkeun ku guruna
tea. "Yang belum itu saya baca syahadat dan naik haji, Kang. Yang
lainnya, saya udah Islam," ceuk manehna, bari tara tinggaleun
nyebut "alhamdulillah", "barokah", jeung kocap-kocap Islami lianna.
Malah, ka kuring ge sok remen mere amalan-amalan. Ngan, kuringna
teu parurun. Sanajan ditarimakeun, tara ieuh diamalkeun. Teu ngarti
we, teu jelas sanadna. Ku kuring ditarima teh pedah ku hayang nyaho
dunya manehna, jeung saukur ngaragangan, bari nambah kaweruh. Geus
ilahar di kalangan nu kararitu, kaweruh sajarahna ge sok "pabaliut".
Lain bae perkara mana dongeng mana sajarah, tapi oge perkara ngaran
atawa inohong-inohongna. Antara Borosngora jeung Sri Manarah,
misalna, silih tumpuk. Pon kitu deui inohong-inohong lianna. Sanajan,
geus bisa kajudi: Karamat-karamat nu aya di Jawa jeung Bali geus
kaaprak ku manehna. Kaasup karamat Eyang Sosro, Sosrokartono,
lanceukna RA Kartini, nu aya teuing di mana (keur poho). Geus karuhan
ari Eyang Suryakancana, Eyang Ranggagading, Eyang Jayaprakosa, Eyang
Jatra, jeung karamat-karamat lain nu aya di Tatar Sunda mah.
Hormat ka guruna nu urang Palabuan Ratu tea teh enya-enya. Meh tiap
malem Jumaah, keur kumaha atawa keur naon bae, manehna sok nyelang
heula ka Palabuan Ratu. Kituna teh bari jeung sok maksakeun rebo ku
babawaan. Naon bae nu bisa dibawa. Sakali mangsa mah, ku kuring
katingali mobilna pinuh ku sirop jeung sarung poleng. "Biasa...
Titipan dari orang Kota," ceuk manehna. Waktu lainna, nu dibawa teh
embe hideung satilu-tillu. Diasupkeun kitu bae di jok tukang mobilna,
sedan Datsun kaluaran heubeul.
Nu oge kapiahengeun, keur kuring, sikepna nu embung nyusahkeun
batur. Utamana kulawargana. Eta bae, ceuk manehna, mitohana lain
sakali dua kali nawaran gawe nu leuwih merenah jeung leuwih bisa
ditarima ku masarakat. Tapi, manehna keukeuh embung. Lian ti geus
ngarasa betah ku pagawean ayeuna, oge manehna kungsi nyeri hate ku
polah mitohana. Mitohana, kaasup jelema aya. Malah adi si mitoha ieu
jadi pangagung militer, jendral bintang tilu, mangsa Habibie
manggung. Kawentar galak jeung "pinter". Sakalina kuring ngawawancara
atawa nelepon teu weleh sentak sengor. Malum tangtara. Rada leahna
teh, nya sanggeus kuring nyentak deui. Bari ngabolekerkeun alesan-
alesanna nu teu asup akal.
Tah, nyaho anak awewena bobogohan jeung abal-abal siga si Bonar, nu
sakolana teu tamat SMA-SMA acan, tangtu bae mitohana teu panuju. Nepi
ka karawinna teh kawin lari tea. Teu dihadiran ku kolot si
awewe. "Dia datang ke rumah kontrakan kami, setelah kami punya anak,
Kang. Tadinya, mana mau...," dongeng manehna. Nya, keur gawe jeung
kuring, mangsa anakna geus tilu, kawin manehna disampurnakeun sacara
adat jeung gareja teh. Lian ti karek boga duitna, mitohana karak
sadar yen si Bonar, sanajan preman, lalaki nu miboga tanggungjawab ka
anak pamajikannana.
Keur usum Pemilu kamari, sanggeus lila teu panggih, aya SMS asup.
Eusina, intina, ngajak kuring milih Megawati. Tangtu bae kuring
nolak. Sudi najis. Boroning Megawati, Amien Rais jeung SBY ge kuring
mah teu percaya. "Terimakasih. Semoga Anda cepat insyaf dari
kekeliruan besar ini," walon kuring. Teu lila, nu ngirim SMS teh
nelepon. Singhoreng manehna. "Wah, Kang, masa ajakan dari adik
sendiri dibegitukan? Apa maksudnya? Di sini kumpul anak Banser ama
anak PP," ceuk manehna, semu ngancam.
Kuring rumasa oge. Walonan kuring heuras teuing. Ongkoh mah enya,
kuring ngarasa euweuh mangpaatna milih Presiden teh. Kitu keneh kitu
keneh. Leuwih ti eta, sugan teh lain manehna. Ku alatan lila tara
panggih jeung tara teteleponnan, nomer HPna ku kuring dihapus. Sugan
teh nu nga-SMS teh batur, nu teu wawuh, lain manehna. Kapaksa kuring
ngajelaskeun jawaban kuring ku cara nu leuwih leuleuy.
Saencanna, kungsi oge ketang manehna nelepon. "Laporan" yen manehna
jadi pupuhu margana sa Bekasi. Lian ti margana langsung, oge sawatara
marga lian jadi "bawahan" manehna. Eukeur mah aya potongan, boga
kawani, jeung diheunteu-heunteu oge (kacirina)boga teureuh menak
Batak, komo di barungan ku hasil guguru ka ditu ka dieu, sanajan
preman ge, nya kaharti mun manehna diarambeuan ku papada batur
salemburna teh.
Ari tilu bulan ka tukang, manehna datang ka imah. Lian ti sasadu
rumasa tambelar teh, manehna menta dianteur nepungan hiji jalma. "Dia
minta bantuan saya ngurus korannya. Saya bilang, ada guru besar saya
yang lebih tepat: Akang," ceuk manehna. Kabeneran keur euweuh gawe,
oge sono lila teu panggih, eta pamenta teh ditedunan.
Nu ditepungan teh juragan metro mini. Katingalina mah rada nyakola.
Handap asorna teu jijieunan. Sanajan, koranna nya kitu tea bae. Nu
lay outna siga sirkus, pabalatak, pinuh ku hurup beureum jeung biru,
bari eusina "nembakan" pejabat. Kantorna dua kios nu pahareup-hareup,
masing-masing ukuran 3X4, di tengah pasar! Wartawanna, lain bae geus
karolot, tapi katingal salangar jeung ditarato.
Sanggeus mulak-malik sawatara edisi, nya ku kuring ditepikeun naon
nu aya dina pipikiran kuring. Tangtu bae, maranehna aralohok ngadenge
pangwadul kuring teh. Malum, nu ngadawulna "wartawan
senior", "seangkatan dengan Goenawan Mohamad" -- kitu si Bonar
nyebutkeun kuring ka eta majelis teh, nyanyahoananan. Euweuh nu
nanya, komo ngadebat. Kabeh saregep, siga nu heueuh.
Mangsa mulang ti eta tempat, si Bonar wawaleh: Basa Pemilu kamari
teh, sabenerna manehna nyalonkeun diri jadi anggota legislatif ti
Patriot Pancasila. Ngawakilan Jakarta Barat. "Saya dapat 5.000 suara,
Kang," ceuk manehna. Sanggeus keok di Pemilu legislatif, partaina
ngadukung Megawati. Tah, Pemilu engke manehna rek ngiluan deui. Ngan
engke mah hayang ngawakilan Bekasi, tempat dumuk manehna. Jeung lain
ti PP. Tapi ti PDIP.
"Ya, yang penting itu kan, Kang: One for you, one for me?," ceuk
manehna. Maksudna, nya duit. Kongkalingkong jeung pamarentah. Sawareh
keur maneh, lolobana keur aing. "Nah, koran itu siap-siap untuk itu,
Kang," tambah manehna -- bari terus meredih sangkan kuring daek
mantuan eta koran. Sanajan lain boga manehna, tapi nu garawe di eta
koran teh nya "anak buah" manehna. Boh di lingkungan adat, boh di
dunya preman.
Turun tina mobil manehna teh kuring teu weleh ngagaroan hulu, nu
teu ateul. Ras inget ka batur di Batujaya jeung Cibarusah, nu diojok-
ojok ti baheula mula karah ka seserengehan. Tapi, sakapeung sok
kukulutus. "Bekasi geus lain Tatar Sunda deui. Pinuh ku urang Batak,"
ceuk maranehna. Salah sahijina, teu salah deui: Nya, si Bonar ieu.
Salemba Tengah, Oktober 2005
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos
--- End forwarded message ---
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/