--- In [email protected], steja_step <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Rh,
> hapunten sateuacanna kang. rumaos joledar bin tambelar, ngan ulah atuh
> kang ari ieu milis dugi ka 'modar' mah. lebar.mangga wae humandeuar
> mah, asal ulah alar ! [haaar...]

Haturan Kang Wly, Kang Teja,

Walah... ari dibaca deui postingan kuring kamari tea, mani heueuh siga
anu pundung jeung aral geuning. Padahal teu maksud siga kitu... dan
kuring mah teu rumasa boga 'kapentingan'. Hirup paeh oge teu ieuh jadi
masalah he he he... asal na ge apan ieu milis ge euweuh nya, terus
diayakeun, lamun euweuh deui ge moal matak jadi balukar asana teh.

Ngan sigana mah kudu dievaluasi deui... kunaon jadi mandeg siga kieu?
Anu dimaksud ku kuring mandeg teh ARANG aya DIALOG jeung DEBAT. Lamun
sakadar macaan wungkul mah asa kacape2!!! Geus we macaan koran anu
saarah. Apan kuduna mah milis teh ajang keur silih gebug (make
kekecapan ieu mah he he he!!!)da kaci! Pasea oge teu nanaon, asal bal
anu kudu dimaenkeun... lain babadug kana suku. Ieu mah ceuk tukang menbal.

Milis teh kudu na mah digunakeun jang aksi jeung reaksi. Kuring mah
boga kahayang, sangkan anggota milis teh rada wanter ngaluarkeun uneg2
na.  Teuing ku naon, ngeupanan mah ngeupanan taya endat na... teu
laku!!! Eupan na kurang edun meureun?

Keun ke aya waktu deui urang adurenyomkeun deui. Panalek sejen na ku
kuring rek diceungceum heula. Neangan lolongkrang he he he.

Baktos,

Rahman (sing sumpah...teu pundung!!!)





 

                
---------------------------------
 
 What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos 

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke