Waktu kuring sakola baheula ditaun 1970'an, ka sakola teh make motor, motor Honda bebek 50cc. Motor leutik, tapi lumayan, da imah teh rada jauh ti sakola, Imah di Padasuka ari sakola di Dago. Di taun 1970'an mah teu acan aya jalan Suci (Jl. H. Hasan Mustapa), jadi kudu nguriling heula ka Cicadas, nembe belok ka kaler, ka Jalan Dago.
Hiji waktu, kuring teh nuturkeun mobil sedan, warna teh hideung, kaca tukangna teu pati jelas, teu pati katingali panumpangna. Mobil teh leumpangna kendor, rada ngagokan, ngan rek disusul teh, nyaeta motor kuringna motor leutik, teu kuateun keur nyusul, kapaksa we ditutur- tutur. Keur anteng we nunutur, na ari hol teh aya leungeun kaluar ti jandela beulah katuhu. Kaget ....ku kuring motor gancang dibantingkeun ka kenca, da nyangka teh mobil rek belok ka katuhu, sanajan lampu lihtingna teu hurung oge. Tapi geuning mobil teh terus we lempeng. Teu jadi meureun belok ka katuhu teh. Teu kungsi lila ....bijil deui leungeun ti jandela nu kenca. Wah ...ieu mobil teh jigana mah rek belok ka kenca. Atuh buru-buru motor teh ku kuring dikakatuhukeun. Eh ... teu jadi belok, tetep we lempeng. Kakara ge kuring teh aya diposisi katuhu, rada katengah jalan, eta leungeun nonghol deui, di jandela katuhu. Bangkawarah ....ieu supir, ngagokan, kapaksa motor di rem deui, bari dibantingkeun ka kenca. Na atuh di lebah kenca oge, leungeun teh kaluar deui. Ambek jeung bingung, mobil teh rek belok kamana, kuring maksakeun nyusul mobil, sanajan mesin motor gagauran ge, da dipaksakeun. Pas kaliwatan, direret, saha nu nyupir mobil teh, ari pek teh ....ibu-ibu jeung panumpangna nu sarua ibu-ibu, keur ngobrol, pananganana pakupis kaditu-kadieu, tepi ka kaluar tina jandela mobil ........ Baktos, WALUYA (Dongeng ieu mah, ngan palebah motor jeung imah mah leres) http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
