Isuk keneh, kuring kadatangan Pa S, pangsiunan pagawe di kantor kuring. Manehna teh kaciri gumbira pisan, da kakara mulang ti Tanah Suci. Manehna bisa indit ka tanah Suci, lain boga duit gede, ngan kabeneran aya nu nawaran digawe dikontrak keur bebersih di Masjid- masjid di Makkah jeung Madinah dina musim haji, atuh bisa sakalian bari naek Haji. Inditna manehna mah teu bareng jeung jamaah haji nu biasa, tapi ti bulan Puasa keneh geus indit ka Arab. Mulang oge pangpandeurina. Ampir opat bulan manehna di Tanah Suci teh.
Pa S teh, urang Pemalang Jawa Tengah, kasang tukangna NU. Fanatik pisan ka Gus Dur. Ku kuring sok diheureuyan ku jalan Gus Durna dipoyok, resep ari geus ngambekna. Ngan beda jeung Gus Dur, Pa S mah, fanatik pisan kanu bau-bau Arab teh. Pokona mah nu "bau Arab" eta hartosna suci bersih. Teu resepeun pisan, lamun ku kuring dibejakeun yen urang Arab teh ...kitu jeung kieu, manehna sok ngajengkat, embung ngadenge. Tapi, tadi isuk-isuk, waktu ngadongeng ka kuring, sababraha kali manehna ngucapkeun "Masya Alloh, paingan Nabi diturunkeun didinya!". Der weh manehna ngadongeng, rame pisan. Ku kuring teh ditanyakeun, kunaon ieu teh masya Alloh terus-terusan. Ceuk manehna teh, urang Arab mah nafsu sahwatna gede. Kulantaran awewe hese diditu mah, cenah mah aya anu nurutan jadi umat nu ngalawan ka Nabi Luth. Manehna terus ngadongengkeun, kumaha manehna rek dicium ku urang Arab. Ku kuring teh ditempas, urang Arab pan ilahar lalaki silih soen pipi teh. Ceuk manehna teh, enya ilahar, tapi lamun ngajak ka hotel? Jeung deuih, ceuk manehna teh, eta nu baroga handphone, rata-rata eusina teh gambar teu uni. Silih kirim diantara maranehna. Jadi Gambar "jorok" teh nerekab dimana-mana, ngaliwatan teknologi. Kuring jadina teh ngahuleng ngadenge dongeng Pak S teh. Inget deuih kana dongeng Si Maman, supir batur kuring, nu kungsi digawe di Arab Saudi meunang lima taun, nu dongengna oge ampir sarua. Nya kunaon atuh mani "hyperseks" kitu nya? Boa-boa kulantaran awewe urang Arab mah diringkeb wae, dina kaluar oge "dibungkus" tepi ka buni pisan, tepi ka lalaki teh panasaran, hayang muka wae lir ibarat urang nyanghareupan pepes lauk emas, nu sok hayang buru-buru muka. Cik lah, baraya nu di Arab, ngadongeng yeuh, supados kuring atawa baraya nu sanesna, tiasa klarifikasi soal dongeng urang Arab nu kurang hade ieu. Sabab nu didongengkeun ku kuring diluhur, saleresna mah geus rahasia umum di urang. Dongeng-dongeng nu kararieu biasana dicandak ku TKI atawa TKW anu mulang. WALUYA (Nu almarhum mitohana keukeuh teu percanten di Mekkah aya tukang copet) http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
