Oh...., kutan teh bade nikah teh Nenen teh, wilujeng atuh.., mudah-mudahan sing 
lungsur langsar sagala rupina dugi ka bregna acara pernikahanana. 

Sok atuh geura ajakan Wyne na kadieu... 
Minggon kamari mah dubes RI kangge Kanada nu enggal dongkap ka Montréal ka 
bumina ketua masyarakat Indonesia didieu, hoyongeun ramah tamah ceunah sareng 
masyarakat Indonesia di Montréal, kaleresan abdi ge dongkap ngahadiran acara 
ramah tamah sareng bapak Dubes eta, mung abdi mah wararegah ramah tamahna ge 
he..he.he.., kalahkah ngobrol we sareng para ibu-ibu, da mung para bapa-bapa 
wae nu satia ngadangukeun cariosan pa Dubes mah, abdi mah sareng papada urang 
sunda kalahkah deur weh ngalalobrol ngalor ngidul di rohangan sanesna.., 
pangpangna nyarioskeun perkawis "Cue Etem", eta masalahnamah, saur urang 
Bandung mah keukeuh ceunah teu aya nu namina Cue Etem di Bandung mah, ari abdi 
sareng papada urang sukabumi, keukeuh aya.., da enya atuh di Sukabumi mah aya 
nu namina Cue Etem teh, piraku di Bandung teu aya.., pan caket Sukabumi-Bandung 
teh, meureun siganamah nu namina Cue Etem di Sukabumi, di Bandung mah aya nami 
sejenna, tah.. kangge urang Bandung, naon geura... cue etem disebatna pami di 
Bandung? Rerencangan abdi nu kawitna ti Cisaatmah nyarios, ke pami uih ka 
Cisaat bade motretan cue etem kangge ditingalikeun ka urang Bandung ceunah.., 
he..he..he..

Baktos
Maria

----- Original Message ----- 
  From: Nenen 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, March 02, 2006 6:14 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Teteh Maria


  Wilujeng Teteh, eh.. matak resep tepang sareng urang sunda deui, ngan
  hanjakal tebih di Montreal, ah keun bae ayeuna mah serba canggih anu
  jarakna jauh janteun caket, matak kabayang upami abi nyarios bs.
  Perancis, meureun Tarasi teh janten Tarsisi he..he..he.., puguh ari
  raosna mah matak kabita, ngan kadang teu kuat ku bau-na ha..ha..,

  Kadang sok hoyong diajar bs. Perancis, saur Wayne mah ceunah bs,
  Inggris heula hilangkeun aksen Errrrr "R" ha..ha.. tapi ketan ayeuna
  mah mendingan abi mah kumargi sering nyarios bs. Inggris didieu sareng
  rerencangan akhirna janten rada mahir, ari Wayne teh tunangan + bos
  abi he..he.., upami teu aya halangan mah bade nikah di Indonesia,
  Wayne mah hoyong bulan madu di Bali, ari abi mah hoyong ka Walanda,
  buyut abi teh ti Walanda, ngan abi mah teu acan pernah ka Walanda teh,
  ari Natalan anu ti Walanda teh kadang sok dongkap, ngan hanjalkal abi
  mah tara patepang sareng Oma teh, da ari buyut abi mah tos pupus,
  ayeuna teh kantun Oma tos sepuh pisan, anjeuna teh gaduh putra hiji
  "Roni" ayeuna di Jerman parantos nikah sareng urang Perancis, abi ti
  alit tukang ngalalana akibatna teh jarang pendak sareng duduluran
  kadang sok aya rasa nyesel, ngan ari ninik + aki mah masih aya di
  Semarang, saur Mamah mereka hoyongeun pendak sareng abi, nuju alit abi
  teh ngiring sareng pun nenek + Kakek. Abi mah sok emut unggal wengi
  nenek osok ngadongeng sampe abi bobo, ari dinten minggu jam 5 enjing
  kudu gugah diajak ka gereja, wah matak kangen ari tos kieu teh...

  Ari pun Bapak asli ti Kuningan, pun Bapak teh nuju anom mah sakolana
  oge di Bandung, seueur kulawargi abi di Bandung, duka nya nyebar
  dimana-mana geuning keluarga teh...

  Abi bade nyarios ka Wayne heula, sugan upami aya waktos hoyong ka
  Montreal.

  Leres diantos pisan poto Selena, sok ka rajin diajar bs. Perancis-na
  ulah hilap errrrrrrr "R" he..he..he...

  Baktos
  Nenen Karl Gunadi





  http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

  [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 



  SPONSORED LINKS Spanish language and culture  Indonesian languages  
Indonesian language learn  
        Indonesian language course  


------------------------------------------------------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    a..  Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
      
    b..  To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]
      
    c..  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


------------------------------------------------------------------------------



[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke