Haturan Kang Gilang. Nyaeta puguh ge kuring mah teu ngartos, 
naha "cap" nu nempel di Urang Arab teh, "cap" kana "eseks-eseks" wae. 
Baheula, jaman teu acan TKI/TKW ngabrul ka Arab, cap "beukian" ka 
urang Arab teh geus aya di bangsa urang. Ayeuna, dongeng nu "teu 
pararuguh" teh, malah jadi nambahan sanes ngurangan. Lalakon TKI nu 
disebat ku AKang, kuring oge kantos ngadangu, malah ti jalmina 
langsung. Urang Subang, nu jadi supir di Arab. Ceuk manehna mah, 
manehna teh "diperkosa" ku dununganana, nu istri katilu ti urang ARab 
nu yuswana geus kolot pisan. Lami-ti lami, dununganana nu lalaki, 
jadi curiga, nya manehna teh kabur, balik ka Indonesia. NU namina nu 
kabur, asal naek pesawat nu ka wetankeun. Cilaka nu ditumpakan teh 
pesawat nu ka Brunei. Atuh cenah manehna teh turun di Brunei 
Darusalam .......

Duka nya, kunaon ari urang Arab sok diasosiasikeun wae jeung "eseks-
eseks", manawi aya baraya aya nu terang, kira-kirana kunaon nya?

Baktos,
WALUYA

 


--- In [email protected], gilang saputra 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ngiringan ah kang waluya, nuju kuring ngalaksanakeun ibadah haji 
dua taun katukang, percisna dua taun katukang, panasaran hayang nyaba 
ka konjen jeddah, ditukangna teh aya tempat penampungan tki, biasa 
ari lolobana mah istri, tapi aya oge sababaraha pameget, saya teh 
panasaran tidinya mah.
>    
>   "kang kunaon dugi ka tiasa di penampungan?"
>   "abi teh stress kang, stress pisan we lah pokona mah, maenya saya 
kudu di perkosa ku majikan sorangan"
>    
>   ternyata ceuk manehna teh, diperkosa paksa ku majikan anu randa 
tea, tah nuju duaan dikamar, aripek teh budakna anu parawan noong 
tina panto.
>   sihoreng di putri teh kabitaeun oge, nya tungtungna mah kedah 
jadi budak sex maranehna disamping janten tki, dugi ka anjeuna kabur 
ka konjen.
>    
>   sakitu heula ah, engke di lajeung deui, nya lumayan lah ari 
picaritaeun mah
>    
>   salam baktos
>   Aas
> 






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke