Kang RH, Kang AG Sugan nyambung, rek ulubiung ngacapruk perkara malapah gedang. Timana asalna, jeung naon untung rugina boga kabiasaan komunikasi make cara malapah gedang.
Numutkeun nu katienan, baheula di lembur, upama bulan puasa sok resep nyieung lodong, keur dibeledugkeun make karbit bari ngabuburit nungguan wancina buka puasa. Sok patembalan antara kampung jeung kampung, patarik-tarik jelegurna. Salaha sahiji bahan lodong teh nyaeta tangkal gedang nu geus kolot, geus kurang buahna. Upama dipesek, tetela tangkal gedang teh eusina manglapis lapis, timimiti lapisan jero nu molongpong nepi ka lapisan kulit luarna. Meureun ieu mah, kolot baheula, karuhun urang, waktu nitenan konstruksi tangkal gedang, meunang ideu nu hade. Yen salah sahiji cara ngawangun barang (opini) teh bisa dikonstruksi kucara ngabuntel inti pasoalan ku barang lain nu leuwih gampang karampa kulit luarna. Upama hiji waktu diperlukeun ngaguar naon inti pasualanana teu kudu diebrehkeun langsung eusina, cukup ku dibuka kulit luarna, salapis demi salapis. Kuanon perlu kitu, bisa jadi kulantaran inti pasulanana sensitif. Pamustunganana, babasan "malapah gedang, sindir sampir sindang siloka", dijadikeun etika komunikasi ku karuhun US. Jadi meureun, upama diringkeskeun, malapah gedang teh hiji strategi komunikasi anu lantif. Lebah dieu kaharti kunaon US nerapkeun eta falsafah. Ari US teh apan kawaentar ku lantifna tea, sanes? Hehehe. Ayeuna urang toong naon untungna strategi malapah gedang ceuk toongan sains jeung teknologi. Keun we nya, ngarah gaya, pan usum ayeuna mah, naon wae pasualanana sok dikaitkeun jeun sains teknologi. Sabenerna mah konsep "malapah gedang" lain ngan ukur aya dina alam pikiran budaya US. Malah dina sains jeung IT, konsep malapah gedang teh geus jadi salah sahiji metode ngawangun produk IT. Conto dina IT, sistem operasi (SO) nu dipake dina komputer urang arsitekturna persis teu beda jeung konsep "malapah gedang" tea. Ngan beda istilahna, konsep "kernel" cenah. Logikana ampir sarua jeung "malapah gedang", urang teu bisa terus migunakeuan komputer tanpa ngaliwatan SO. Bagian paling jero SO (kernel tea) nu boga hubungan husus tanpa salingkuh, teu bisa diropea sacara langsung ku pamake komputer. Supaya pamake bisa migunakeuan komputer, bagian kernel teh dilapisan ku "shell" alias "palapah gedang" tea. Tah ngaliwatan "shell" ieu, kakara aplikasi komputer nu dipake ku urang sapopoe bisa digunakeun. Kunaon make sistem "kernel" sagala? Salah sahiji alesanana, nyaeta bagean jero mah kalolobaanana sensitif. Supaya teu kaganggu sagawayah (kapupus, karobah, jsjb), nya dibungkus ku "shell" tea. Upama dititenan mah, sabenerna, konsep "malapah gedang" teh taya lian ti sistem "birokrasi" tea. Misalna, urang teu bisa kitu wae dina kaayaan formal bisa nepungan hiji gubernur tanpa ngaliwatan lapisan-lapisan protokoler nu diwangun di kantor gubernur. Meureun kitu oge. Hehehe. Salam, (mh) --- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], "Lodaya" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Sampurasun, > > Malapah gedang, istilah jeung kabiasaan anu has, > Sunda! > > Kang AG, > > Enya kitu Kang. Malapah gedang teh lawan na tina > togmol. Teu langsung > alias malipir tea. Mun ti Amsterdam rek indit ka > JKT tea mah, liwat > Toronto, Beijing, Tokyo heula meureun nya ;)) > > Tapi terus terang we, kuring ge kurang ngarti naha > istilah malapah > gedang anu dipake, dipikir2 teh bet teu kapikir > geuning jujutan ieu > babasan teh. Naon hubunganana antara malipir jeung > palapah gedang? Anu > jelas mah palapah gedang teh molongpong siga selang > atawa pipa... > > Ah teuing teu kaharti, cik susuganan aya ideu? > > Deui... cik, cara komunikasi siga kieu alus atawa > henteu? > > baktos, > Rahman ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
