>
> Kang RH,
>
> Kuring oge kurang ngarti, malah lain ku hiji, tapi oge
> kurang ngarti ku pamanggih Kang RH, yen "Cirebon jeung
> Banten SUSAH mun disebut keraton tradisional Sunda".
> Naha ari Cirebeon jeung Banten, lain bagean tina
> rangkaian sajarah Sunda kitu? Naha reh dipupus atawa
> kumaha? Cing nyhunkeun bongbolonganana.
Kang MH,
Walah... enyaan aya nu tinggaleun. Bet teu jelas kitu atuh! Hampura
bae ...!!! Maksud teh, nyambung kana kekecapan anu nyebutkeun yen
karaton tradisional Sunda tea. Banten jeung Cirebon oge TANGTU kaasup
karaton Sunda. Ngan ari keur sakuringeun mah unsur Sunda na asa
kurang. Sabab unsur Jawa na leuwih teleb. Duka teh teuing ketah, ieu
mah sakadar panempo sajorelat!
Ari Kasultanan Cirebon jeung Banten teh NGARASA jeung NGANGGAP karaton
Sunda atawa henteu nya? Jeung deui kumaha persepsi urang Sunda sakabeh
kana ieu hal? Keur kuring mah masih keneh can jelas! Cik susuganan aya
nu bisa ngajentrekeun?
baktos,
Rahman
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
SPONSORED LINKS
| Spanish language and culture | Indonesian languages | Indonesian language learn |
| Indonesian language course |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
