Kang,

Anu jadi masalah keur kuring mah... lain urusan hahampuraan. Kawas
lebaran di luar usum we ieu teh nya he he he.

Nya ari sual hahampuraan mah, wajib dipake ku saha bae oge. Tapi da
ieu mah lain masalah kudu dihampura atawa henteu, tapi masalah HUKUM
anu kudu diajegkeun teu pandang bulu. Sigana teh hukum di urang mah
ngan saukur dikeunakeun ka jalma anu EUWEUH buluan. Mun jabrig mah
hukum teh teu laku.

Rancu nya? Sabab ari hahampuraan mah urusan moral lin? Ari urusan
hukum mah apan jalur jeung tatacara na ge beda. Naon cik istilahna?

Mun kieu jeung kieu bae mah, kuring pesimis bangsa urang bisa ngudag
bangsa sejen! Visi pamingpin heureut sigana teh... WAlah, kawas nu
heueuh kuring boga visi deuih he he he... tapi ketah kaci, da kuring
mah lain pamingpin, tapi tukang ngimpi he he he

baktos,

Rahman



--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <rsyaifoel@> wrote:
> >
> > Status cekal Soeharto dicabut
> > 
>
> Kang RH, si "Embah" mah meureun hampuraeun ....hehehehe. Dalah rek
> dikumaha oge, nu keur kawasa ayeuna, kabeh oge "digedekeun" ku 
> Soeharto. Da lamun teu dipakeresep mah, ti baheula keneh oge bakal
> dilelepkeun, moal mucunghul .....
>
> Baktos,
> WALUYA
>







http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke