Katelengesan saleresna sifat dasar manusia, jadi leres pisan teu tiasa nunjuk DI/TII telenges, nu sejen henteu. Dina mangsa kaayaan nu riweuh, akibat situasi pulitik jeung perang, katelengesan tiasa mucunghul. Kuring kungsi maca, salah saurang nu ngurus kamp konsetntrasi Yahudi di Jerman, dikenal ku para tatangga, lain jelema telenges. Nyaah ka anakna, sopan ka tatanggana. Loba nu bingung naha manusa eta bisa ngalakukeun hal nu diluar peri kamanusaan. Jadi sikon (situasi-kondisi) tiasa nyababkeun jelema jadi telenges.
Kuring nyebut manusia boga sifat dasar telenges, aya buktosna. Carita, dongeng seueur nyaritakeun katelengesan. Dina Perang Barata Yudha, dicaritakeun kumaha Bima nginum getih Dursasana jeung Drupadi diangir (keramas) ku getihna. Atuh di jaman modern siga ayeuna, katelengesan, malah dieksploitasi keur kauntungan bisnis. Film lolobana nyaritakeun nu maehan. Sapeuting lalajo TV, urang tiasa ngitung, sabaraha puluh jalma "nu Dipaehan" jeung "disikasa" dina carita Film. Game barudak (Game komputer atau dina alat game) aya game nembak jelema ku mortir, tepi ka jelema ancur, daging jeung getih patulayah. Mulang deui ka soal DI/TII. Katelengesan di jaman DI/TII, eta kulantaran Sikon. Sikonna, nya ku ayana pemberontakan DI/TII ka RI. SItuasi jadi riweuh. Ieu nu ngadorong mucunghulna katelengesan boh ti DI/TII atawa ti pihak RI. Kaleresan kuring boga babaturan, urang Pameungpeuk Garut, yuswana beda lima taun ti kuring, leuwih kolot manehna. Ari ngadongeng jaman harita teh, ripuh cenah. Ti beurang kudu siga nu biluk ka TNI, ti peuting kapaksa urang lembur teh nganteuran dahareun kanu di leuweung. Kapungkur, kuring kungsi maca dina Tempo. Daerah Cicadas Bandung, kalebet daerah paling dedet di dunya, sakilometer persegina dieusian ku manusa anu loba pisan (hilap deui persisna mah). Sabab ieu akibat loba padumuk dipilemburan pararindah ka kota, akibat di lembur henteu aman. Ieu oge sabenerna nu bisa ngajelaskeun kunaon daerah Jawa Barat, pangpangna di pakidulan, tingaleun dina ngawangun, kaelehkeun ku Jawa Timur jeung Jawa Tengah. Ampir 15 taun, Jawa Barat teu aman. Jawa Barat tingaleun 15 taun .... Janten, Kang Surtiwa, urang mah meureun geus mimiti "cueut kahareup", tapi ari kahayang kuring mah, Tatar Sunda teh ayem tengtrem, siga baheula. Enya apan ampir 350 taun di tanah Priangan teu aya kaributan/ perang, ti saenggeusna tantara Sultan Agung nguber-nguber Dipati Ukur di abad ka 17 tepi ka Jepang asup ka Tatar Sunda ..... Baktos, WALUYA --- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Leres kitu sapagodos pisan. Ngan eta hilap anu kuabdi > bade dikapayunkeun teh malah tinggaleun..yen ata ari > katelengesan mah teu tiasa dikaitkeun kana DI/TII, > Islam,TNI, jrrd..eta mah kinerja di lapangan ti para > palaku.. Ceuk abdi mah sagala pihak tiasa telenges > kulantaran sikon....anu parantos ngalaman ti asa > nyarios.... http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
