> 
> Taun kamari oge kuring ka Kalimantan, meunang sababaraha balikan. 
> Ngeunah ayeuna mah geuning, kuring sare di kamar nu make AC, TV cable, 
> cai haneut ........teu mendakan oray-oray acan, sanajan ukur buntutna!
> 
>

Kang Wly.,

Terahir kuring apruk2an di Kalimantan teh taun 1991. Lain dina raraga
tugas pagawean... ieu mah sakadar apruk2an we! he he he...

Meuntas ti Poso Sulawesi ka Pontianak. Harita aprak2an di Kalimantan
teh dibaturan ku 1 urang Amrik, 1 Jerman (awewe), sapasang urang
Selandia Anyar, kuring jeung pamajikan. Ti Pontianak Long Ampung...
maek pesawat naon nya... pokona mah leutik. Pikagimireun... da geuning
air strip na ge taneuh! Rek hiber teh gugurudugan!

Bring we ka ditu na teh teu make rencana. Sakadar hayang nyaho
kahirupan di jero Kalimantan. Milu sare ngampar di Imah Panjang
Dayak... sapeupeuting gugutrut... arararateul... teuing nanahaon!!

HArita mah di Long Ampung sakulibek na masih keneh hade. Kuring pernah
nempo ontohod leutik lumpat (sieuneun sigana mah). Ningali manuk Kuau
tea... Ari oray mah teu kaparengkeun geuning.

Ari dahar... hese geuning nya harita mah. Ngan sangu we wungkul. Kulub
daun sampeu teu diuyahan (sabab uyah teh kaitung mahal geuning!,
barang impor ti luar). Ngarumas oge! Kadang2 bisa dahar lauk cai...
ngan edas... cucuk wungkul! Tapi sakali mangsa mah, aya anu meunang
mencek, ngeunah oge bisa dahar daging mencek.

Aya hiji anu moal poho saumur2. Buah danas! Walah... mun inget kana
danas urang Dayak... ciduh kuring ngucur!!! Aya ku ngeunah!!! Can
pernah dahar buah danas sakitu ngeunah na!

Meunang dua minggu di eta pakampungan teh. Awak jadi kuru... teuing
kurang dahar, teuing dasar awakna olo2? 

Ti Long Ampung hiber make pesawat MAF (boga na misi Protestan!) leuwih
ka jero. Pesawat na ngan cukup keur opataneun! Ngaran tempat na poho
deui! Ngan anu jelas deukeut pisan ka wates Sarawak. Meunang saminggu
di dinya...Teu bisa balik, sabab euweuh pesawat. Nungguan saminggu
deuui... kakara aya pesawat. Balik ka Pontianak.

Engke disambung deui...

baktos,

Rahman







http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke