> Pontianak, tapi ka Balikpapan Kaltim. Poso sareng Balikpapan, henteu > tebih, ukur kapisahkeun Selat Sulawesi. Katambih deuih Kang RH nganjang > ka Long Ampung. Eta nami khas Kaltim (tapi tiasa oge ketang Kalbar, > ngan ditapel wates). Ayeuna Kalbar lebet kana Waktos Indonesia Kulon > (WIB), ari Kaltim mah Waktu Indonesia Tengah (WITA). >
Kang Wly., Nuhun koreksi na. Da memang enya kitu. Ti Poso teh asup ka Balikpapan, muter weh nepi ka Banjarmasin, ka luar ti Pontianak... meuntas ka Sumatra. Bet jadi lieur topografi kuring euy... kudu burur2 ka RI deui sigana mah he he he. Dibaca deui postingan kamari. Bet goreng geuning. Kuring mah teu bisa cumarita sigana teh. Alurna teu puguh... jeung eta uclag aclog dongeng teh. Bae lah nya... Sigana mah, tempat anu didatangan ku kuring teh dicicingan urang Kenyak Kang. Duka bener duka henteu... poho deui. Da eta... awak uranga Dayak anu di dinya teh enyaan siga dibatik. Tatoo (lain tatu nya?) na aralus. Ngan harita ge anu geus karolot wungkul anu awk na dibatik teh, nu ngarora mah henteu. Oge ceuli anu panjang tea... oge ngan awewe anu geus karolot. Sigana mah teu meunangeun ku gareja kitu, sabab misi Protestan (uamana mah ti Amrik), kacida aktif na di daerah eta. Anu jadi kahanjakal kuring teh, loba artefak kuno ieu budaya anu ancur. Barudak ngora na, teu nganggap titinggal karuhun na penting. Kuring kungsi diajak nempo patung heubeul na. Geus katempo ancur... eh.. budak anu mawa rombongan kuring tea, sangeunah naa nyepakan eta patung anu kacirina geus mangratus, bisa jadi leuwih ti ngaratus, umurna teh. Ceuk kuring teh, tong diruksak... lebar. Pan titinggal karuhun maneh! Jawab na enteng pisan. Keun bae, da geus kuno ieuh! Kuring ngan bisa calangap! Hiji hal anu jadi ganjelan teh. Di wilayah eta euweuh sakola. Barudak teu sarakola. Tapi ari basa Indonesia (Malayu mah aya oge nu barisaeun), sabab loba oge barudak ngorana na anu ngalumbara ka Sarawak. Kahirupan maranehna kaciri na seuseut seuat, sabab ngan saukur ngagantung tina hasil humana. Perkara hulu musuh tea. Kuring ge pernah ningali dina para seuneu kapala suku. Ngajajar... aya kana genep mah. Da kuring teh kabeneran ngendong di imah kapala suku tea. nyambung... baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
