--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ceuk kuring mah loba pisan alesanana. Salah sahiji alesan anu sering
> kaalaman mah, kieu: Aya hiji kelompok urang SUnda anu NGAHARAMKEUN
> seni na sorangan. Teuing naon maksud na. Ngan anu jelas... eta
> kelompok teh wani nyebutkeun yen seni teh teu dipikarido ku
Pangeran!
Kang RH, asa kaingetan, jeung sasabaraha poe katukang, aya artikel
dina PR soal ibing Sunda. Artikel eta nyaritakeun ibing sunda jaman
walanda, sok dikonteskeun, di Sumedang, di Bandung jst, paalus-alus.
MAca artikel eta, ras inget ka almarhum pun Aki, tukang ngibing Sunda
jaman Walanda. Pun Aki teh guguruna ka Resna, nu disebatkeun dina
artikel PR eta salah sawios tokoh ngibing ti Cirebon. Ceuk beja mah,
Pun Aki teh ngibingna sae pisan, malah sok jadi nu meunang wae, lamun
dikonteskeun di Sumedang teh. Rerencangan pun Aki, nu sami guguru ka
Resna teh, Rd. Ono Lesmana, salah saurang tokoh ibing Sunda (dina
artikel PR oge disebat-sebat perkawis Pa Ono teh).
Anehna, kuring, incuna, teu kantos ningali Pun Aki ngibing. Padahal
kuring teh diingu ku Pun Aki, tepi ka kuring boga pamajikan. Pun Aki
ngantunkeun di taun 1989. Mun ditaroskeun teh, kunaon Ki, ari abdi
teu diajarkeun ngibing? jawabna teh cukup ku godeg, atawa geus teu
boga gamelanana tea, silaing mah sakola we nu bener.
Saatosna pun Aki pupus, nembe kuring ngareungeu ti sepuh-sepuh nu
sejen, nu harita haladir waktu tahlilan pun Aki. Ceuk aranjeunna Pun
AKi teh kantos ngajarkeun ngibing, diahir tahun 1940'an, saatosna di
lembur teu harengheng deui ku revolusi. Tapi ngan sakedap meunang
sabulan, geus ditutup deui. Waktos harita pun Aki teh jadi Lurah.
Tah .... ti saprakna pun Aki muka ngajar ngibing, di Bale desa teh,
seueur pamflet, tulisan-tulisan nu nyebat ngibing teh maksiat, atawa
duka tulisan naon. Nu jelas Pun Aki siga nu kapok, alim nurunkeun
katiasana.
Janten, nu diserat ku kang RH teh, sigana mah memang leres!
Baktos,
WALUYA
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/