Eta mah masih mending, rerencangan Abdi mah WNI katurunan Arab (pameget, tampang mirip anu asal ti Yaman selatn, rada lestreng)), malah hese waktos naek haji..ampir2 2 jam, ditanya itu ieu, buka file di komputer, buka catetan, interview. istrina oge urang Arab ..malah asli lahir di Madinah. Cenah manehna teh meni nyeri pisan hate.....
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Lain ari kuring mah, lamun macaan posting ti kang RH > nu nerangkeun > kaayaan di walanda atawa posting-posting di millis > sejen, sigana teh > aya phobi di Eropa ka urang Arab (Wetan-tengah) nu > kabeneran Islam. > Jadi weh Islam kababawa. Salah saurang di millis > sabeulah malah kungsi > nulis, cenah urang Arab di Eropa teh, mirip jeung > urang Yahudi samemeh > Perang Dunya II, nu hirupna ekslusip (naon geuning > aranna pemukiman > Yahudi teh, Gheto kitu?). Tapi duka leres henteuna > mah, kang RH sigana > tiasa nerangkeun. Urang Eropa, sanajan dirina > "ngarasa" boga budaya > luhur, tapi pan ari sajarahna mah maranehna kungsi > numpas urang Yahudi, > nyieun aturan apertheid jrrd. Jadi mungkin wae > "rasa" eta teh masih > ngancik di sabagian urang Eropa. > > Inget dongeng kawawuhan kuring, nu baheulana salah > saurang pejabat di > institusi pamarentah. Saenggeusna kajadian (11/9) > jeung Bom Bali, > manehna diondang ku Pamarentah Jerman. Nya indit > kaditu. Na atuh di > Bandara teh manehna teu bisa kaluar, dipariksa > taliti pisan, ditanya > itu-ieu. Pokona mah teu bisa kaluar ti imigrasi, > sakitu dicaritakeun > manehna datang ka Jermah teh diondang ku pamarentah > Jerman. Bisa kaluar > teh, sanggeus nu "ngajemput" nyampeurkeun, ngilu > nguruskeun. > > Ti harita, kawawuhan kuring teh embung ka Luar > Negeri deui tepi ka > pangsiunna. Sagala ondangan jeung parentah dines ka > LN, sok nitah anak- > buahna wae. Pokna teh :"Nyeri hate, asa teu > dihargaan. Kuring datang ka > ditu teh, sasatna mah wakil ti RI, ari pek > dikitu-kitu. Islam jeung > Indonesia, jadi ngilu goreng". Bari jeung ngutruk > kaditu-kadieu, ka > urang Kulon, ka kajadian 11/9 jeung ka kajadian Bom > Bali ... > > Baktos, > WALUYA > > --- In [email protected], kumincir > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Heheh... ieu teh luyu jeung kasauran Abah Joe... > "We do it your way" > nya, > > Bah? Oge luyu jeung kasauran almarhum Nurholis > Majid, "Dina demokrasi > mah, > > najan nu kapilih teh iblis, urang tetep kudu > tumut." Pan di ditu mah > syariah > > teh iblis (meureun). Heuheu... > > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
