--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Memang jadi susah ayeuna teh. Lain di NL wungkul jangjang katuhu anu
> meunang. Poe tadi maca warta... Di Jerman jeung di Swedia ge jangjang
> katuhu meunang pemilu.

Kang RH sareng MH, sabenerna mah teu aneh, manusa diskriminatif ka 
manusa sejenna nu beda ras, kulit jeung agama. Da sabenerna faham nu 
nganggap manusa teh sarua jeung sajajar teh anyar, malah anyar pisan. 
Umurna acan nepi ka 100 taun. Nu heubeul nya kitu tea, manusa teh 
dibeda-bedakeun.

Di Lembur oge, pan tetep we aya "rasa" eta teh. Urang Sunda ngarasa teu 
ngeunah ku lobana kaum pendatang ka lemburna. Urang Urang Betawi ge 
sarua. Urang Timor, khususna di Atambua, moal ngajual tanahna ka 
pendatang ti "Jawa" (nu disebut Jawa ku urang Atambua, bisa Jawa, 
Sunda, Madura, urang Sumatera jrrrd, pokona nu rambutna lempeng henteu 
kiriting). Maranehna nganggap kaum pendatang ieu lain asli, nu asli 
ngan maranehna jeung .....Tiong Hwa!

Komo ari nu aranna nagara mah. Malaysia ngusiran buruh migran, Arab 
Saudi sarua, ngudag-ngudag TKW/TKI ilegal di nagarana. Eropa? wah pan  
sajarahna oge leket jeung ngabeda-bedakeun jalma. Atuh dina Sajarah 
Islam saatosna Kangjeng Nabi Pupus, teu leupas tidinya. Kabeneran 
kuring boga buku saku "Sejarah Islam", kenging Prof K, Ali. Dina buku 
eta dicaritakeun kumaha Dinasti Umayah (DInasti anu diadegkeun ku 
MUawiyah Bin Abu Sofyan) ngadiskiriminasi urang Persia (Iran ayeuna). 
Urang Persia biasa disebut Mawalli (Islam non Arab), gede jasana dina 
nuwuhkeun Islam /Dinasti Islam. Tapi tetep dianggap warga kelas dua. 
Dinasti Umayah akhirna runtag digulingkeun ku ABul Abbas as-Saffah nu 
ngadegkeun dinasti Abasyiah. Dina ngaruntagkeun dinasti Umayah, ABul 
Abbas dibantuan ku golongan Mawalli ieu.

Faham yen ulah ngabeda-bedakeun manusa, kakara lahir di taun 1948 
(taunna mudah-mudahan teu lepat), nyaeta waktu PBB lahir. Jadi "umurna" 
anyar keneh. Tah upami ningali kaayaan ayeuna, kuring mah malah ragu 
naha faham ieu teh bakal langgeng atawa punah asup ka musium, manusa  
balik deui kana kodrati alamiahna saluyu jeung teori Evolusi, unggal 
kolompok individu makhluk hirup, boga insting keur mempertahankan diri 
jeung ngalanggengkeun kolompokna.

Ngan nu jadi pikiran teh, upama wae manusa balik deui kana kodrat 
alamiahna, atuh naon bedana manusa jeung mahluk hirup nu sejenna?

Baktos,
WALUYA






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke