Ke ieu teh rada luas bahasanna teh...Lolobana urang sok nyimpelkeun (basa naon ieu) ulah diskrimidasi ..ulah dibedaka2keun..ulah rasialis ( beda ras0. Tapi anu tara dicarewelekeun teh konteksna...akibatna ..dina praktekna teh tetep wae aya anu NGARASA "diskriminasi". Contoh 1948 tea; Ras mah nggeus ditarima dina konteks agama, bangsa naon wae bebas asup malh aya misi anu ngasupkeun agama ka suku primitif. Ari konteks sosial kumaha ? Didieu loba jelema anu jadi ngarasa "nyeri" kulantaran ngarasa didiskriminasi (engke contona). Dina konteks politik, wah parantos sae teu aya dibeda2keun, saha wae, agama naon wae, klir kmaha wae tiasa lebet partey sareng janten aggota legislatif asal gaduh waragad wae kanggo "kampanye".
Dina kaayaan anu lepat konteks sareng domain teh nyaeta dina kahirupan sosial..ditambihan..ku deklarasi HAM..anu nepi kaayeuna can sakabeh jelema panuju kana definisi anu bener..tarjamah masing2 wae..! Abdi gaduh pangalaman kapungkur..keur nyaba sareng supir...waktos liren tuang siang..cenah sisupir ngarasa "nyeri" kulantaran teu diajak sameja (ieu supir teh tamatan SMA jeung drop 2 tahun di Akademi). Tapi abdi gaduh supir sejen tamatan STM, eta mah diajak dahar bareng teh nolak wae.. mani hese pisan, kaleresan US. Pernah waktos dines aya demo ti salah sahiji LSM, anu nungtut ngajak berunding soal klaim, tapi dina suratna teh disebat jelas 2; " mau didudukkan sama derajat". Euleuh2 iraha urang nrurunkeun darajat batur ? Janten senuanya teh serba "perceived", tambih pusing. Persepsi budaya bangsa urang (Indonesia maksadna) oge nyata benten2. Cobi di Bali didaerah Kuta, lamun lebet ka Restoran anu seueur langganan Bulena, urang turis lokal ampir henteu dianggap. Ditanya saperluna..pesenan lila..ari ka Bule komo ka Enon na mah eta si Pamuda Bali teh (Supervisor jeung waiterna)..mani centil..."hello darling..sweetie.." baru rarangkulan...Panas...gurame goreng urang can datang...nggeus ampir sajam....kalahka rangkulan! Rerencangan anu tos spanning titatadi gebrak meja..ari jrot teh botol sambel muncrat.. keuna pisan ka sarera sameja... Ngambek teu jadi lumpat ka WC sibeungeut... Teu kungsi lila...bari ngararenghap...Manajer restoran (Cina) minta maaf bebeakan2an..tapi salera dahar tos leungit..padahal peurih beuteung..bari digagah2keu bayar pesenan..breng ngaleos...Gurame nyengir ditinggalkeun. Ari ieu anu sok disalah persepsikeun diskriminasi kulantaran ras teh ? --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], "Rahman" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Memang jadi susah ayeuna teh. Lain di NL wungkul > jangjang katuhu anu > > meunang. Poe tadi maca warta... Di Jerman jeung di > Swedia ge jangjang > > katuhu meunang pemilu. > > Kang RH sareng MH, sabenerna mah teu aneh, manusa > diskriminatif ka > manusa sejenna nu beda ras, kulit jeung agama. Da > sabenerna faham nu > nganggap manusa teh sarua jeung sajajar teh anyar, > malah anyar pisan. > Umurna acan nepi ka 100 taun. Nu heubeul nya kitu > tea, manusa teh > dibeda-bedakeun. > > Di Lembur oge, pan tetep we aya "rasa" eta teh. > Urang Sunda ngarasa teu > ngeunah ku lobana kaum pendatang ka lemburna. Urang > Urang Betawi ge > sarua. Urang Timor, khususna di Atambua, moal > ngajual tanahna ka > pendatang ti "Jawa" (nu disebut Jawa ku urang > Atambua, bisa Jawa, > Sunda, Madura, urang Sumatera jrrrd, pokona nu > rambutna lempeng henteu > kiriting). Maranehna nganggap kaum pendatang ieu > lain asli, nu asli > ngan maranehna jeung .....Tiong Hwa! > > Komo ari nu aranna nagara mah. Malaysia ngusiran > buruh migran, Arab > Saudi sarua, ngudag-ngudag TKW/TKI ilegal di > nagarana. Eropa? wah pan > sajarahna oge leket jeung ngabeda-bedakeun jalma. > Atuh dina Sajarah > Islam saatosna Kangjeng Nabi Pupus, teu leupas > tidinya. Kabeneran > kuring boga buku saku "Sejarah Islam", kenging Prof > K, Ali. Dina buku > eta dicaritakeun kumaha Dinasti Umayah (DInasti anu > diadegkeun ku > MUawiyah Bin Abu Sofyan) ngadiskiriminasi urang > Persia (Iran ayeuna). > Urang Persia biasa disebut Mawalli (Islam non Arab), > gede jasana dina > nuwuhkeun Islam /Dinasti Islam. Tapi tetep dianggap > warga kelas dua. > Dinasti Umayah akhirna runtag digulingkeun ku ABul > Abbas as-Saffah nu > ngadegkeun dinasti Abasyiah. Dina ngaruntagkeun > dinasti Umayah, ABul > Abbas dibantuan ku golongan Mawalli ieu. > > Faham yen ulah ngabeda-bedakeun manusa, kakara lahir > di taun 1948 > (taunna mudah-mudahan teu lepat), nyaeta waktu PBB > lahir. Jadi "umurna" > anyar keneh. Tah upami ningali kaayaan ayeuna, > kuring mah malah ragu > naha faham ieu teh bakal langgeng atawa punah asup > ka musium, manusa > balik deui kana kodrati alamiahna saluyu jeung teori > Evolusi, unggal > kolompok individu makhluk hirup, boga insting keur > mempertahankan diri > jeung ngalanggengkeun kolompokna. > > Ngan nu jadi pikiran teh, upama wae manusa balik > deui kana kodrat > alamiahna, atuh naon bedana manusa jeung mahluk > hirup nu sejenna? > > Baktos, > WALUYA > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
