Hehehe, nya ari kitu onaman nyanggakeun. Tapi lain "nyanggakeun heuheung
teukteukkeun, tikoro gorokkeun", da kuring mah ngan boga beuheung jeung
tikoro hiji-hijina, moal dimurah mareh. 

Kuring mah nulis kitu soteh, ras inget kana hiji kajadian, nu diwartakeun
ku koran, sawatara waktu kaliwat. Dina eta beja dicaritakeun: aya hiji
bupati di Tatar Sunda (KUKS - koreksi upama kuring salah) nu nolak jasad
wargana, pikeun dikuburkeun dilemburna, kalayan alesan almarhum aya
pakaitna jeung gerakan terorisme. Terus terang kuring teu ngarti, piraku
di eta lembur euweuh nu ngarti, kapan ari ngubur mayit teh fardu kipayah.
Najan teu satuju kana talajakna waktu almarhum keur hirup, ari geus jadi
layon mah nya jadi kawajiban jelema hirup pikeun mulasarana. Bejana di
lembur batur, loba jalma bisa ceurik kulantaran sato hewan inguanana paeh.


Tah lebah dieu oge, najan kalakuan Osama dianggap tukang nyieun onar, nya
ari geus tilar dunya mah, naon salahna diperlakukan kumaha ilaharna kanu
tilar dunya. Teu satuju soteh, kana kalakuanana lin? Hehehe.

salam,
mh

--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan Kang MH,
> 
> Nuhun KAng. He he he...Lain rek mela maneh. Heueuh ketah saha nu rek
> bebela ari lain diri sorangan mah nya? Kieu. Ti mimiti mula, kuring
> umajak ka sarerea sina make basa panengah. Ari keur kuring mah UUB rek
> dianggap euweuh we. Lain kunanaon, ieu sistem teh TEU strategis.
> Contona ge sarua pisan jeung kaayaan basa Jawa.
> 
> Tah lebah dinya. Kuring ge make kecap ieu teh netral2 bae. Najan
> kuring teu resep ka Jang Osama, lain hartina kuring ngahina. Kecap anu
> dipake ku kuring ngaharip2 kana slang. Coba teangan dina kamus... da
> euweuh! ;))
> 
> Bush kojor? Rek surak he he he. 
> 
> baktos,
> Rahman
> 
> 
> 
> --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > 
> > Kang RH,
> > Aya catetan perkara istilah nu dipake dina jejer ieu postingan. Kuring
> > sacara pribadi teu sapagodos migunakeun istilah "ko'it" pikeun
> manusa. Hal
> > ieu lain hartina kuring satuju kana naon rupa pagawean nu diduga
> dipigawe
> > ku Osama. Kuring oge teu satuju kana cara-cara heuras pikeun
> ngungkulan
> > hiji masalah. Upamana ieu mah: upama dibanding-banding dijieun
> 'listing'
> > naon rupa nu dianggap dipigawe ku Osama, jeung nu dipigawe ku Bush,
> jigana
> > sabelas duabelas. Kira-kira wani teu, upama hiji mangsa Bush maot,
> Kang RH
> > milih istilah "kojor" misalna? Hehehe. Jigana perkara diksi jiga kieu,
> > salah sahijina nu ngalantarankeun Kang RH pernah aya nu nyarekan ku
> baraya
> > di ieu milis. 
> > 
> > salam,
> > mh
> > 
> > --- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > 
> > > Osama bin Laden Diberitakan Meninggal karena Tifus
> > > 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke