> Sunda ngadopsi sora /v, sy, sh, z, q, f/ dina paguneman jeung tulisan, > baris ngurangan esensi kasundaanana. Ceuk implengan kuring, tarekah > nambahan sora teh lain pikeun ngaleungitkeun ciri kasundaan, tapi pikeun > ngajembaran nu geus aya. Sabab aksara mah ngan ukur "jirim", ari > "jisim"-na basa Sunda tea. Basa Sunda nu jadi jisim tea, kaci wae,
Kang MH, Miluan malem mingguan ah. Tamba tunduh rek milu ngarahul. Nginjeung sistem aksara nu sejen ari ceuk kuring mah sarua ngabeungharan sistem anu aya. Ngan sarat na, sistem anu diinjeum kudu disaluyukeun jeung 'kapribadian'sistem urang sorangan. Dina postingan2 anu asup. Siga aya nu rada pabaliut ngadefinisikeun aksara Sunda. Dina ieu diskusi teh anu dimaksud aksara Sunda teh nya aksara Laten anu dipake ku urang SUnda ayeuna. Kitu lin Kang MH? Pamanggih kuring mah, asa taya gorengna mun sakabeh abjad Laten ti /a/ nepi ka /z/ diadopsi. Mun tea mah kekecapan Sunda nambahan, sarta sistem sora oge nambahan, teu kudu hese deui neangan pilambangeunana ... da geus nyampak. Malah, kuring mah teu nutup kamungkinan sejen... engke bakal mucunghul deui sistem lambang aksara nu sejen na, boh meunang ngadopsi, boh meunang nyieun sorangan. Anu jadi alesan teh, ieu sistem aksara Laten teh, najan kumaha oge teu nyumponan pangabutuh sistem sora basa mana bae oge! Anu penting... sistem ejahan kudu KONSISTEN dipake. Mun aya upaya nitah balik deui kana sistem tulisan Sunda baheula. Kuring mah rek NOLAK. Ngariripuh maneh! Piraku kudu diajar maca jeung nulis deui? Nulis jeung maca make aksara anu basajan siga kieu ge geus ripuh! Lian ti kitu aya kitu bahan bacaeunnana? baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
