nuhun bah informasina... enya tina buku ieu bisa noong kumaha kalakuan kulawarga ladin(laden) khususna elsam. oge bisa noong urang arab(?)
carmen bin ladin? asa aneh bah... carmen pan ukur pamajikanna si elsam lain katuruna ladin, lin? naha ari kecap bin bisa di pake? terus cek sakanyaho kuring mah lamun awewe mah teu make bin tapi binti... dh On 10/8/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kamari ngabuburit jeung pamajikan ka BIP (Bandung Indah Plaza). Lieur ku > > nunutur pamajikan, nu tempa-tempo kana barang, ari meuli mah hanteu, > kuring > ngaleos ka toko Buku Gunung Agung. Nempoan buku nu anyar medal, breh teh > aya > buku anyar nu kuring katarik. Judulna " Inside The Kingdom", Kisah Hidupku > > di Arab Saudi". Nu ngarangna? ieu nu matak kuring katarik, mantan istri > Yeslam Bin Laden, lanceuk sabapa Osama Bin Laden. Carmen Bin Landen. > Carmen > teh urang Swiss, tapi peranakan, indungna asalna ti Persia ari bapana asli > > urang Swiss. Dina cover buku ieu ditulis "international Best Seller". Buku > > ieu geus diterjemahkeun kana 28 Bahasa di 32 nagara.. Tarjamahan Basa > Indonesia dimedalkeun ku Pustaka Alvabet, Citakan I, September 2006 (jadi > buku anyar di Indonesia mah). Hargana Rp. 39.000 di Toko Gunung Agung. > > Carmen papanggih jeung Yeslam Bin Laden, waktu Yeslam liburan di Jenewa > Swiss di taun 1973. Tidinya Carmen bobogohan jeung Yeslam, malah saterusna > > tunangan. Yeslam jeung Carmen neruskeun sakola ka Amerika. Yeslam sakola > nyokot jurusan bisnis ari Carmen mah memener Basa Inggrisna heula. Keur > sakola di Amerika ieu Carmen kawin jeung Yeslam di Jeddah Arab Saudi di > Taun > 1974. Sanggeus beres sakola di Amerika Yeslam jeung pamajikanana, Carmen, > mukim di Jeddah tapi bari bulak-balik ka nagara Carmen, Swiss. Pasangan > ieu > boga anak tilu, awewe kabeh. Yeslam jeung Carmen akhirna papisah. Carmen > menta pisah, salah sahiji alesanana, manehna hayang mere kabebasan ka > anak-anakna, teu siga di Arab Saudi, nu mana awewe teh dipasung pisan. > Yelsam bin Laden oge akhirna jadi Warga Negara Swiss. > > Buku Biographi Carmen ieu, nyaritakeun pangalaman manehna jadi pamajikan > urang Arab Saudi, nu beunghar jeung boga pangaruh. Yelsam anak kasapuluh > ti > Sheik Muhammmad bin Laden, pangusaha gede di Arab Saudi. Sheik Muhammad > boga > anak 54 urang ti istri-istrina. Salah sahiji anakna nyaeta Osama Bin > Laden. > Carmen ukur papanggih sababaraha kali jeung Osama, sabab memang adat > diditu, > awewe teu meunang deukeut jeung"ipar". Tapi jeung pamajikanana Carmen > sering babarengan. Osama, ceuk Carmen, jalma nu alim, tunduk kana parentah > > agama. Kungsi hiji waktu Carmen jeung Najwah, pamajikan Osama babarengan. > Maranehna sarua boga orok nu umurna kakara bubulanan. Hawa kacida panasna, > > orok Osama, Abdullah, ceurik terus-terusan, ari orokna Carmen mah ngedot > cai > dina botol. Pamajikan Osama mere nginum orokna ku sendok teh nu teu > bisaeun > diinum ku orok. Nempo kitu Carmen, nawarkeun dot orokna ka Najwah. Tapi > Najwah nolak, malah ungsrak-ingsreuk arek ngilu ceurik bakating ku bingung > > orokna teu bisaeun nginum tina sendok. Mimiti mah Carmen teu ngarti, > kunaon > Najwah make nolak dot bayi. Tapi akhirna manehna nyaho, Najwah teu meunang > > ngagunakeun dot ku salakina, Osama. Sabab dot karet ieu teu meunang ceuk > kayakinan dogmatis Osama. > > Nu paling loba dicaritakeun dina biographi ieu, kahirupan awewe urang Arab > > Saudi, nu ka kungkung. Carmen ngalukiskeun awewe Arab Saudi nu ngangantung > > pisan ka lalaki. Sagala kagiatan ku lalaki, awewe cicing diimah. Di imah > dina hartina sabenerna, teu meunang kaluar-kaluar acan. Sikep teu > ngahargaan > awewe, oge aya di kaum "jongos" (pelayan/pagawe). Hiji waktu Carmen, > masang > carpet diimahna. Nu masang karpet pagawe asal Sudan. Ku Carmen > digeungguereuhkeun. Teu ngadenge wae. Tungtungna ngagorowok. Si Sudan > malah > ngajawab: "Kuring teu bisa diparentah ku awewe!" > > Mitoha awewe Carmen, indungna Yelsam, oge loba dicaritakeun dina biographi > > ieu. Indungna Yelsam, ukur disebut nenehna, nyaeta Om Yelsam (indungna > Yelsam). Om Yelsam, saperti oge indungna Carmen, asalna ti Persia (Iran). > Om Yelsam, ceuk Carmen, awewe hebat, tapi hanjakalna ukur katarik kana > masak > jeung maca Al Quran. Om Yelsam salat 5 kali sapoe jeung hirup di dunya nu > kaiket ku panjara tradisi nu teu katingali. Keur Om Yelsam, sagalana haram > > jeung dosa. Lamun teu dosa, nya "abe", ngerakeun. Ngadengekeun musik, > haram > hukumna, "abe" ,awewe leumpang di jalan. "abe" ngomong jeung jongos > lalaki. > > Tos ah sakieu heula, lumayan ngabuburit, 15 menit deui buka > ...............hehehehehe > > Baktos, > WALUYA > [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
