From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> > Enya... kamarana eu teh, mani siga gaang katincak? Malejret atuh! ;))
Di lembur lebaran teh libur saminggu, bade kantor pamarentah atanapi swasta. Iwal ti Bank sareng pulisi plus para supir (supir mobil, supir kapal hiber/kapal laut). Jadi sepi ....da sadayana lalibur, bade Muslim atanapi Non Muslim. Pesawat ti Bandung ka Denpasar atanapi ka Singapura dugi ka aya penerbangan extra, sabab loba Si Engkoh jeung Si Enci kumplit jeung si Memey nu ngilu liburan, sanggeus cape kamari di bulan puasa ngaladangan nu barangbeuli. lebaran tinggal ngitung untungna bari sakalian amengan ..... Enjing, kantor2 ngawitan buka deui, ari barudak sakola mah ngawitan tanggal 1 November. Tapi biasana di kantor pamarentah mah, mimiti asup teh ukur sasalaman wungkul, geus kitu ngobrol sauetik, bubar weh ....baralik deui ka imahna sewang-sewang. Kuring oge peuting tadi kakara mulang ti Jakarta, silahturahmi ka lanceuk pamajikan, nu teu bisa "mudik" ka Sukabumi. Awak masih lungse keneh, maklum ampir saminggu kukurilingan kaditu-kadieu. Tapi untungna teh ayeuna mah teu pati macet. Ngan ari di Puncak jeung Bogor-Sukabumi mah tetep we macet, da biasana kitu ari poe libur mah. Kitu deui di tanjakan Nagreg, tapel wates Bandung-Garut, macet ti samemeh lebaran keneh. Eta jalan salian digunakeun ku urang Priangan wetan, oge kunu marulang ka Jawa Tengah nu ngaliwat Jalur Kidul. Lebaran, unggal taun ....rame wae, resep bisa papanggih jeung dulur-kawawuhan nu langka panggih. Ngan sok ngahuleng ari ras inget kana umur, geuning tambah ngolotan ........hehehehe Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
